Wakil Bupati Bandung Sahrul Gunawan Apresiasi Kemenag nu Ngagaungkeun Kerukunan Umat Beragama

- 3 Januari 2024, 14:18 WIB
Wabup Bandung, Sahrul Gunawan (katilu ti kenca)
Wabup Bandung, Sahrul Gunawan (katilu ti kenca) /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Wakil Bupati Bandung, Sahrul Gunawan, ngapresiasi Kementerian Agama Kabupaten Bandung dina mièling Hari Amal Bhakti ka-78 Kementerian Agama ku ngayakeun gerak jalan Kerukunan Umat Beragama.

"Sim kuring ngapresiasi lèngkah ti Kementerian Agama kanggo langkung tiasa ngabaur sareng masarakat. Ku ngagaungkeun kerukunan umat beragama tiasa janten conto di saantèro wilayah di Indonesia," ceuk Sahrul basa ngaluuhan apel mièling Amal Bhakti ka 78 Kementerian Agama Kabupaten Bandung di Lapapangan Upakarti Soreang Kabupaten Bandung, Rebo, 3 Januari 2024.

Sahrul nètèlakeun, gerak jalan jadi momentum pikeun ngaronjatkeun kerukunan umat beragama di Kabupaten Bandung. Inyana miharep ieu kagiatan bisa terus dilaksanakeunn maneuh saban taun.

Baca Juga: Ngungkulan Banjir di Kelurahan Andir Pemkab Bandung Gagolontorkeun Rp6,9 Milyar

"Mugia ieu tiasa janten momentum kumaha kerukunan umat beragama  tiasa ngawujud di Kabupaten Bandung," ceuk Sahrul.

Iwal ti ngaluuhan apel, Sahrul jogè miangkeun pamilon gerak jalan kerukunan umat beragama. Gerak jalan diiluan ku wawakil ti sakumna kecamatan di Kabupaten Bandung.

Sahrul ogè ngapresiasi Kemenag Kabupaten Bandung kana gawè bareng jeung Pemerintah Kabupaten Bandung dina pangwangunan Asrama Haji Kabupaten Bandung.

"Pamarèntah Kabupaten Bandung   gawe bareng sareng Kemenag Kabupaten Bandung. Asrama Haji Kabupaten Bandung tos disiapkeun lahanna di Kutawaringin. Ieu jadi stop over kanggo para jamaah sateu acan angkat ka embarkasi," ceuk Sahrul.

Sahrul miharep Ieu gawe bareng bisa ngalancarkeun  ibadah haji keur para jamaah asal Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah