Ngungkulan Banjir di Kelurahan Andir Pemkab Bandung Gagolontorkeun Rp6,9 Milyar

- 3 Januari 2024, 09:19 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna (tengah) marengan Pj Gubernur Jawa  Barat, Bey Machnudin waktu nitènan infrastruktur pangungkulab banjir di Kelurahan Andir Kecamatana Baleendah Kabupaten Bandung, Salasa 2 Januarin2024.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna (tengah) marengan Pj Gubernur Jawa Barat, Bey Machnudin waktu nitènan infrastruktur pangungkulab banjir di Kelurahan Andir Kecamatana Baleendah Kabupaten Bandung, Salasa 2 Januarin2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pemkab Bandung palebah dieu Dinas Pekerjaan Umum dan Tata Ruang (DPUTR) ngalokasikeun anggaran Rp5,9 milyar tina APBD 2023, jang pangwangunan infrastruktur ngungkulan caah di Kelurahan Andir, Kecamatan Baleendah, Kabupaten Bandung.

Anggaran sakitu tèh jang normalisasi jeung nyieun saluran drainase pamukiman di lelewek RW1, 2, 3, 7, jeung RW 9 Kelurahan Andir.

Samèmèhna tina APBD Kabupaten Bandung 2022 ogè geus dialokasikeun anggaran  Rp996 juta. Dana sakitu tèh keur ngaluhuran Jalan Andir - Katapang, nutup permanen pintu air nu aya di tanggul walungan Cisangkuy, nyieun saluran drainase pamukiman, katut normalisasi saluran.

Baca Juga: Nasdem, PKB jeung PKS Optimistis AMIN Unggul dina Pilpres 2024

Total Rp6,9 miliar jang pangwangunan drainase pamukiman jeung infrastruktur keur ngadalian caah sèjènna di Kelurahan Andir.

"Ayeuna hasilna banjir di Kelurahan Andir tos ngirangan 99 persen. Upami tèa mah masih aya ngeuyeumbeu kumargi caah luhurna 30 sentimeter, namung enggal ororot dina waktos sajam dua jam," ceuk Bupati Bandung Dadang Suprianta basa marengan Pj Gubernur Jabar Bey Machmudin  nitenan infrastruktur pengendali banjir di Kecamatan Baleendah, Salasa 2 Januari 2024.

Ceuk Dadang Supriatna, pihakna masih kènèh merlukeun anggaran kana Rp10 miliar jang ngungkulan ngeuyeumneu cai ku nyieun saluran U-Ditch di RW 1, 2, 3, 6 jeung RW 7 Kelurahan Andir.

U-Ditch tèh produk beton pracetak nu dijieun kawas aksara U nu dimensina bisa diluyukeun jeung kabutuhan di lapangan jeung debit cai nu kudu dikamalirkeun.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah