Kungsi Nanjeur Dorokdok Enu Tarwiana Warga Banjaran Wetan Kabupaten Bandung Ayeuna Butuh Modal

- 30 Desember 2023, 19:57 WIB
Enu Tarwiana. Usahana kungsi nanjeur, ayeuna nyirorot.
Enu Tarwiana. Usahana kungsi nanjeur, ayeuna nyirorot. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Di Desa Banjaran Wetan, Kecamatan Banjaran, Kabupaten Bandung, aya ngaran Lembur Cihamerang. Ieu lembur kawentar ku kurupuk kulit atawa ilahar disebut kurupuk dorokdok.

Tapi teu ukur di Lembur Cihamiang, kanyataanana mah nu nyieun kurupuk dorokdok tèh mekar ka lembur tatanggana, saperti Lembur Babakan Sadang di desa èta kènèh.

Salasahiji pangrajin kurupuk dorokdok nu ngalaman nanjeur tepi ka bisa makarya dorokdok tina 2 kuintal kulit sapi teh Enu Tarwiana (60 th), warga Kampung Babakan Sadang RT 02/ RW 07 Desa Banjaran Wetan.

Baca Juga: Rembug Bedas Pamungkas di Taun 2023 Bupati Bandung Masualkeun Sakola, Walungan, jeung Jalan

Enu kungsi ngalaman nanjeur usahana dina taun 2007-2010. Inyana ngaku, awalna prihatin. Meuli 1 kilo kulit, diolah jadi dorokdolk tuluy diiangkeun ku sorangan.

Usahana maju, sabulan tepi ka  bisa ngolah 1 kintal tuluy tepi ka 2 kuintal pikeun dijadikeun kurupuk dorokdok.

Jumlah produlsi sakitu tèh dipasarkeun sajaba di sajumlah pasar di Kabupaten Bandung, ogè nepi ka luar kota seperti ka Bogor. Enu ngaubkeun kana 20 pagawè.

"Bagèan motongan kulit 3 urang, ngolah 3 urang, ngagorèng 4 urang, sareng sababaraha urang anu mungkusan sarta masarkarun. Total 20 urang langkung," ceuk Enu di imahna nu dijadikeun toko, Saptu, 30 Desember 2023.

Baca Juga: Pemkab Bandung Ngapungkeun Simantool ASN

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x