GALURA-Anu tilar dunya alatan kacilakaan lalulintas (lakalantas) di wilayah hukum Kepolisian Resor (Polres) Kuningan, salila taun 2023 aya 48 urang.
Samemehna 44 urang, hartina ngaronjat 9,9 persen batan taun 2022. Pon kitu, kajadian lakalantas di Kuningan teh ngaronjat deuih.
Kepala Kepolisian Resor (Kapolres) Kuningan, Ajun Komisaris Polisi (AKBP) Willy Andrian, nyebutkeun jumlah sakitu teh tina 167 kasus atawa kajadian lakalantas.
Willy netelakeun, dina taun 2023 kasus lalakalantas di Kuningan ngahontal 167 kasus. Samemehna ngahontal 153 kasus, ngaronjat 14 kasus atawa 9,15 persen.
Tina kajadian lakalantas dina taun 2023 ngabalukarkeun korban tatu parna 33 urang, dina taun 2022 anu tatu parna 70 urang. Hartina nyirorot 52,85 persen.
“Ari korban tatu teu parna dina taun 2023 aya 241 urang. Samemehna 179 urang, ngaronjat 34,63 persen,” ceuk Willy. .