Depresi Alatan Pepegatan, Hiji Lalaki di Palasah Majalengka Ngagantung Maneh di Imahna

- 14 Mei 2024, 14:32 WIB
Imah tempat YS ngagantung maneh di di Kampung Cikawah Kidul, Dusun Kidul RT 003 RW 001, Desa Sindanghaji, Kecamatan Palasah, Kabupaten Majalengka, Senen (13/05/2024).
Imah tempat YS ngagantung maneh di di Kampung Cikawah Kidul, Dusun Kidul RT 003 RW 001, Desa Sindanghaji, Kecamatan Palasah, Kabupaten Majalengka, Senen (13/05/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Hiji lalaki inisial YA (32) ditimukeun tiwas alatan ngagantung maneh di imahna di Kampung Cikawah Kidul, Dusun Kidul RT 003 RW 001, Desa Sindanghaji, Kecamatan Palasah, Kabupaten Majalengka, Senen (13/05/2024).

Sertu Rohmat Afifudin, Babinsa Desa Sindanghaji Koramil 1711/Sumberjaya nu nampa informasi ti perangkat Desa nu ngabewarakeun aya ngagantung maneh, gura-giru muru lokasi, bareng jeung anggota Polsek Palasah, Timkes Puskesmas Waringin jeung perangkat desa.

Dumasar pangakuan ti saksi-saksi, Sertu Rohmat Afifudin netelakeun, kira-kira jam 07.00 WIB, Nengsih (saksi) nganteurkeun dahareun ka YA. Nalika saksi muka panto imah korban, katempo korban geus ngagantung dina kai imah.

Saksi gancang ngabejaan Juhen jeung Eni (lanceuk korban). Lanceuk korban saterusna lapor ka desa.

Hasil pamariksaan Timkes Puskesmas Waringin nu dipingpin ku dr. Huda Ginanjar, teu ditimukeun tanda-tanda kekerasan. Ciri-ciri nu aya dina layon sakumaha umuna nu maot alatan ngagantung maneh. Korban diperkirakeun tilar kurang 12 jam ti saprak kanyahoan.

"Pihak kulawarga korban nolak autopsy, teu ngidinan pihak kapulisian ngaautopsi layon. Disebatkeun korban depresi balukar tos dua taun pipisahan sareng istrina," ceuk Sertu Rohmat.

Sertu Rohmat nyebutkeun kulawarga korban sadar eta kajadian teh musibah. “Pihak kulawarga korban ngadamel serat pernyataan moal ngaautopsi korban," ceuk Sertu Rohmat.

Ku ayana eta kajadiana, Sertu Rohmat Afifudin minangka Babinsa cumeluk ka masarakat nalika meunang hiji pasualan sangkan teu pegat harepan. Leuwih hade dirempugeun ku cara musyawarah jeung kulawarga, dulur atawa babaturan.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah