Ceuk Kapolresta Bandung ,TNI Polri Urutan Kadua Tingkat Kepercayaan Masyarakat

- 1 Juli 2024, 13:30 WIB
Kapolresta Bandung Kombes Pol Kusworo Wibowo.
Kapolresta Bandung Kombes Pol Kusworo Wibowo. /Sopandi/galura.co.id

GALURA. CO.ID -Danget ieu TNI jeung POLRI aya dina hambalan kadua tingkat kapercayaan publik ka instansi atawa lembaga pamarèntah.

Kituna tèh ditepikeun Kapolresta Bandung, Kombespol Kusworo Wibowo dina lolongkrang Upacara Peringatan Hari Bhayangkara ka-78 di Lapang Upakarti Komolek Pemda Bandung di Soreang, Senen, 1 Juli 2024.

Ceuk Kusworo kapercayaan ti masarakat tangtangan, sakaligus pamecut pikeun TNI Polri pikeun terus miara sangkan kepercayaan masarakat terus ngaronjat tepi ka TNI Polri leuwih dipicinta.

Kusworo amanat ka masarakat pikeun terus nalingakeun, ngawaskeun, jeung mèrè pangèling. "Naon nu dijalankeun luyu tupoksi jeung harepan masarakat, " pokna.

"Alhamdulillah ieu tèh acara puncak ngareuah-reuah Hari Bhayangkara ka-78. Sateuacanna salami sasasih ngayakeun rupi-rupi lomba kagiatan sakumaha nu diarahkeun ku Mabes POLRI. Bhakti sosial, bhakti religi, kesehatan sareng pertandingan-pertandingan nu ngaubkeun masarakat dugi ka gumebyarna sareng kagumbiraanana karaos ku masarakat, " ceuk Kusworo.

Ceuk Kapolresta Bandung, kagiatan bhakti sosial nu ditargetkeun Mabes atawa Polda ka saban Polres. Polresta Bandung mah bisa ngaleuwihan targèt.

"Kagiatan bhakti sosial Polresta Bandung targetna 1.000, karèalisasina 7.222. Bhakti religi; beberesih atawa ngomèan tempat ibadah targetna 10 karèalisasi 41 tempat ibadah. Pikeun sarana air bersih targetna 1 karèlisasi 5, bedah rumah targetna 3 karealisasi 3, ngan masih aya nu diproses kènèh janten totalna 10 bedah rumah, katut
kagiatan melak tangkal targetna 1 000 tangkal, karealisasi 3500 tangkal, " ceuk Kapolresta Bandung. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah