Tina Jumat Curhat Polresta Bandung, Ulah Coba-Coba Nyiksa Ulon-Ulon Kajahatan, Keuna ku Pasal Penganiayaan

- 20 Januari 2023, 20:31 WIB
Kapolresta Bandung Kombes Kusworo Wibowo ngayakeun Jum'at Curhat Polres Bandung di Desa Margahayu Selatan, Kecamatan Margahayu. (Sopandi/ Galura PikiranRakyat.com)
Kapolresta Bandung Kombes Kusworo Wibowo ngayakeun Jum'at Curhat Polres Bandung di Desa Margahayu Selatan, Kecamatan Margahayu. (Sopandi/ Galura PikiranRakyat.com) /

GALURA -Kapolresta Bandung Kombes Kusworo Wibowo nandeskeun, warga nu ngabéla diri tepi ka ulon-ulon kajahatan tatu henteu keuna Pasal Penganiayaan.

Hal ieu  diatur dina pasal 49 KUHP. Pembelaan Diri (Noodweer), diatur dina ayat (1), jeung Pembelaan Diri Luar Biasa (Noodweer Excess) atawa pembelaan di luar batas,  ayat (2).

"Lamun ulon-ulon kajahatan geus teu walakaya, geus nyerahkeun diri, tapi haben disiksa,  nu nyiksana keuna Pasal Penganiayaan. Komo deui mun tepi ka palastra," ceuk Kombes Kusworo.

Kituna dipertelakeun  Kapolresta dina acara Jumat Curhat Polresta Bandung di Aula Desa Margahayu Selatan, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, Jumah (19/01/2023).

Baca Juga: Kadisparbud: Mun geus Resmi Ditunjuk Jadi Pribumi Binojakrama Wayang Golek Purwa Disparbud Siap

Dina Jumat Curhat, Kapolresta narima saniskara patalékan warga. Di antarana Abdul Rohim, Ketua RW 13, Desa Margahayu.

Abdul Rohim nanyakeun SOP (Standar Operasional Prosedur) keur ngungkulan mun ulon-ulon kajahatan kacangkalak ku warga, tuluy pada neunggeulan, sarta ku pihak pamarénah satingkat RW dipasrahkeun ka pulisi.

Abdul Rohim kungsi ngalaman, nyangkalak maling di RW-na. Eta maling pada neunggeulan ku warga tepi ka tatu.

Basa dipasrahkeun ka nu berwajib, eta maling kudu diubaran heula, waragadna ditanggung ku pangurus RW.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x