GALURA -Kepala Dinas Pendidikan (Kadisdik) Kabupaten Bandung, Ruli Hadiana, nyebutkeun jumlah guru ngaji nu diperlukeun ku sakola geus di-SK-an luyu jeung jumlah rombongan belajar (rombel) nu aya di Kabupaten Bandung.
"Rombel di Kabupaten Bandung jumlahna 15 rébu leuwih, ieu geus dipetakeun. Teu aya rombel nu kosong," pokna.
Ceuk Ruli, saban kelas geus aya guru ngajina. "Kari urang evaluasi," ceuk Ruli dina lolongkrang marengan Bupati Bandung dina Rembug Bedas di Margaasih sawatara waktu kaliwat.
Beda deui jeung anu ditepikeun ku Pengawas Guru Pendidikan Agama Islam (PAI) Kecamatan Margahayu, Neneng Widayanti.
Baca Juga: CSR Pipiets Home Kitchen Amsterdam Ngadongdon SLB Cahaya Gemilang Pertiwi Cianjur
Inyana nyebutkeun, SD di Kecamatan Margahayu kakurangan guru ngaji. Di Kecamatan Margahayu aya 363 rombel, ari guru ngajina ukur aya 199 urang.
Pikeun ngungkulan hal ieu, ceuk Neneng masing-masing sakola boga carana. "Biasana saurang guru ngji ngajar di dua kelas, " pokna.
Neneng nambahkeun, lamun aya guru ngaji nu rék ngundurkeun diri bisa ngadaftarkeun dulurna jadi guru ngaji, atawa nu séjén.
Nomer urut guru ngajina mah angger, ngan guru ngajina diganti ku nu sejen.