Bojo Ketua DPD PAN Majalengka, Dicalonkeun Cawabup di Pilkada 2024, Dipasangkeun jeung Karna Sobahi?

- 23 April 2024, 10:27 WIB
Hj. Sherly Kusuma, S.E. bojo Ketua DPD PAN Majalengka, ditetepkeun jadi bakal calon cawabup  dina Pilkada 2024.
Hj. Sherly Kusuma, S.E. bojo Ketua DPD PAN Majalengka, ditetepkeun jadi bakal calon cawabup dina Pilkada 2024. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -DPD PAN Kabupaten Majalengka ngarojong kader panghadena ti MPP DPD PUAN (Perempuan Amanat Nasional) Kabupaten Majalengka (2020-2025), Hj. Sherly Kusuma, S.E., pikeun bakal calon wakil bupati (cawabup) dina kontestasi politik Pilkada 2024.

Sherly Kusuma Rona Firmansyah nyebutkeun kaputusan DPD PAN Kabupaten Majalengka ngarojong dirina teh didasaran pamahaman pentingna kaum perempuan dina proses pulitik, nu utama ngingetkeun leuwih ti 60 persen nu boga hak pilih kaum wanoja

"Ngawitanana DPD PAN Kabupaten Majalengka tos nyayogikeun tilu kandidat: senior, milenial sareng wanoja," ceuk Sherly Kusuma, anu oge garwana Rona Firmansyah, Ketua DPD PAN Majalengka, Senen (22/04/2024).

Baca Juga: Ketua DPC PAN Katapang, Acuy Syakur Bungaheun H. Tedi Kapilih deui Jadi Anggota DPRD Kabupaten Bandung

Hasil ti rapat internal jeung konsultasi bari ngajukeun tilu kandidat bieu ka Dewan Pimpinan Wilayah (DPW), hasilna DPW ngarojong sarta nyatujuan kader wanoja.

Lengkah bieu dumasar kana tinimbangan pentingna ngakomodir aspirasi jeung kabutuhan sababaraha segmen masarakat, hususna kaum wanoja.

"Tilu kandidat sateuacanna tos dikonsultasikeun ka DPW, tur rengse ditimbang-timbang, saterasna DPW ngarojong sarta maparinan restu kandidat ti wanoja," ceuk Sherly.

Sherly nyebutkeun tarekah ngaronjatkeun kualitas sumber daya manusia (SDM) wanoja dilaksanakeun kalayan mastikeun hak kaum wanoja dicumponan, ngaberdayakeun wanoja jeung nangtayungan wanoja tina kekerasan kaasup tindak pidana perdagangan orang (TPPO).

Baca Juga: Legislator PAN Kabupaten Bandung Masualkeun Pangajèn ka Pemda Bandung jeung Fungsi DPRD

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x