Legislator PAN Kabupaten Bandung Masualkeun Pangajèn ka Pemda Bandung jeung Fungsi DPRD

- 15 Maret 2024, 12:00 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung, H. Tedi Supriadi, S. Pd. I., M. Si.
Anggota DPRD Kabupaten Bandung, H. Tedi Supriadi, S. Pd. I., M. Si. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Legislator Fraksi PAN DPRD Kabupaten Bandung, H Tedi Supriadi, S. Pd. I., M. Si, milu reueus ku saniskara pangajèn nu ditarima ku Pemkab Bandung. Ngan, ceuk Tedi, di satukangeun ratusan pangajèn, nu leuwih penting kudu neueulkeun kana ngaronjatna di widang nu kaitan jeung kapentingan nu leuwih ngeuna ka masarakat kalangan handap.

"Urang teu kenging kajebak ku euforia pangajèn, tapi kumaha langkung ngaronjatkeun harkat darajat hirup masarakat. Simkuring teu nyebat teu aya kamajengan, namung, kedah langkung kana realitas, " ceuk Tedi Supriadi satutas ngalaksanekun reses di Katapang Kabupaten Bandung, Kemis, 14 Maret 2024.

Iwal kitu, Tedi ogè meunteun fungsi anggota DPRD kabupaten kota, kaasup DPRD Kabupaten Bandung jeun DPRD provinsi dianggap teu aya deui istilah trias politika, sabab kewenanganana ogè diatur ku eksekutif. "Hartosna teu  aya deui trias politika. Ku margi anggota DPRD bagian dari penyelenggara pemerintah, sanès pamerèntahan, " pokna.

Ceuk Tedi, beda jeung DPR RI, istilah trias politikana aya. "Aya eksekutif, pelaksana undang-undang, aya legislatif nu ngadamel undang-undang, sareng yudikatif, pangawas atanapi pelaksanaan undang-undang, " ceuk Tedi.

Ku lantaran kitu, kawenangan dewan di daerah pikeun nepikeun kamandang sareng usulan tèh bisa kawatesanan.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x