Legislator Fraksi PAN DPRD Kabupaten Bandung H. Tedi Supriadi Mènta Dièlingan

- 14 Maret 2024, 16:39 WIB
Reses anggota DPRD Kabupaten Bandung, H. Tedi Supriadi, S.Pd. I., M.Si (14/03/2024).
Reses anggota DPRD Kabupaten Bandung, H. Tedi Supriadi, S.Pd. I., M.Si (14/03/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anggota DPRD Kabupaten Bandung, 55 urang, ngabogaan waktu pikeun nepungan konstituenna, dina Reses Masa Sidang II Tahun 2024 DPRD Kabupaten Bandung ti tanggal 13 tepi ka tanggal 16 Maret 2024.

Legislator Fraksi PAN, H. Tedi Supriadi, S.Pd. I., M.Si ngamangpaatkeun reses sajaba keur ngawadahan aspirasi ogè digunakeun jang nganuhunleun ka
masarakat nu geus mèrè kapercayaan kadirina pikeun jadi deui anggota DPRD Kabupaten Bandung.

Tedi ogè mènta hampura mun salila sproses pencalonana tug tepi ka rèangsè pencoblosan bisi aya tindakan jeung sikep nu kurang merenah.

Tedi syukur sabab kasuksesan nu geus dihontalna nurutkeunana kasuksesan sarèrèa. Iwal ti kitu, inyana ogè meredih sangkan dikritik, mènta
saran tur mènta dièlingan bisi aya lengkah nu salah.

"Hayu urang sasarengan ka payun langkung sae. Urang silih èlingan. Kumargi bodo, boloho, balangah baris kasinglar upami silih emutan, " ceuk Tedi Supriadi sarengsena reses di vila di Desa Sukamukti, Katapang, Kemis, 14 Maret 2924.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x