Forkopimda Nongton Bareng jeung Rewuan Warga di Bale Rame Kabupaten Bandung, Timnas Èlèh

- 30 April 2024, 10:32 WIB
Nonton bareng di Soreang diluuhan ku Forkominda Kabupaten Bandung (29/04/2024).
Nonton bareng di Soreang diluuhan ku Forkominda Kabupaten Bandung (29/04/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Rèngrèngan Forkopimda Nongton Bareng jeung Rewuan Warga di Bale Rame Kabupaten Bandung,  Timnas Èlèh

Nobar nu diayakeun Pemda Bandung teh digelar di Dome Bale Rame Soreang Kabupaten Bandung, Senèn, 29 April 2024, peuting.

Bupati Bandung, Dadang Supriatna, Kapolresta Bandung Kombes Pol Kusworo Wibowo, Dandim 0624/Kabupaten Bandung Letkol Inf Hamzah Budi Susanto katut rèngrèngan Forkopimda Kabupaten Bandung sèjènna katitèn di tempat nongton makè pakèan kaos warna beureum aya tulisan Indonesia, bandera merah putih jeunf lambang garuda di hareupna.

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngabagèajeun masarakat nu datang minuhan Dome. "Acara nongton bareng salasawios wujud responsif Pamarèntah Kabupaten Bandung kana animo luhur masarakat nu reueus tur micinta ka lemah cai, " pokna.

Warga antusias nongton bareng semi final AFC U-23, satutas sabada adu finalti Timnas unggul ti Korea Selatan.

"Saatos unggul ngalawan Korea Selatan, tangtos waè urang kedah reueus kumargi janten sajarah munggaran kanggo Timnas Indonesia," ceuk Dadang Supriatna.

Ceuk Dadang Supriatna dina pertandingan aya èlèh jeung unggul. Tapi, disatungangeun èta cenah loba proses nu geus dilakonan, tur kudu diapresiasi.

Kahayang masyarakat Indonesia tangtu Timnas unggul. Tapi kanyataan kudu kasoran ku Uzbekistan 0-2. Loba  nu ngaku memang dina teknik maèn Uzbekistan onjoy ti Timnas.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah