Kakang Rudianto Ninggalkeun Heula Persib, Ieu Patekadannna di Timnas Indonesia

- 29 Januari 2023, 15:30 WIB
Kakang Rudianto ninggalkeun Persib heula pikeun nguatan Timnas U-20
Kakang Rudianto ninggalkeun Persib heula pikeun nguatan Timnas U-20 /Instagram/@kakangrudianto33/

GALURA - Sok sanajan hatena mah hayang mantuan Persib nu keur bajoang ngudag juara Liga 1 2002/2023, Kakang Rudianto, kapaksa kudu ninggalkeun Bandung.

Tapi lain kaluar ti Persib kituna teh. Kakang Rudianto ninggalkeun Persib Bandung alatan kaasup pamaen nu kudu miluan pemusatan latihan jeung Timnas Indonesia U-20 ti 1 nepi ka 28 Pebruari 2023 di Jakarta.

Sajaba ti Kakang Rudianto, ponggawa Persib nu meunang tugas ti PSSI te nyaeta Ferdiansyah jeung Robi Darwis.

Baca Juga: Ngelehkeun Borneo FC 1-0, Persib Bandung Ngangsrod ka Puncak Klasemen Liga 1, Bobotoh : Luis Milla Hebat!

Baca Juga: Patekadan Luis Milla dina Laga Persib vs Borneo FC : Meunang, Neruskuen Tren Positif, 'Mayar Hutang'

Baca Juga: Kick Off Persib vs Borneo FC Jadi Jam 15.30 WIB, Tanpa Panongton, Ieu Link Live Streaming Pertandinganana

Maranehna miluan pemusatan latihan pikeun disiapkeun nyanghareupan Piala Asia U-20 nu bakal lumangsung di Uzbekistan, 1-18 Maret 2023.

Beja anyar, maranehna oge disiapkeun ku palatih Timnas Indonesia Shin Tae yong pikeun nyanghareupan FIFA U20 Word Cup Indonesia 2023, 20 Mei nepi ka 11 Juni 2023 nu bakal datang.

Ngan najan kudu ninggalkeun heula pamaen sejen di Persib Bandung, Kakang Rudianto ngaku bungah kacida meunang kapercayaan di Shin Tae yong pikeun miluan pemusatan latihan jeung Timnas Indonesia.

Baca Juga: Nusakambangan Ceuk Versi Jawa, Kembang Wijaya Kusumah, Bathari Durga jeung Sang Hyang Pramoni

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x