Bupati Bandung Kumaha Ketakna? Camat Margahayu Cumeluk ka Warga Siap Siaga Bencana

- 26 April 2024, 16:03 WIB
Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung ngagelar apel Gerakan Siap untuk Selamat (26/04/2024).
Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung ngagelar apel Gerakan Siap untuk Selamat (26/04/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Camat Margahayu Kabupaten Bandung, Hj. Tati Suharyati, SH., M. Si mingpin ngedalkeun tekad siap selamat, tur nyadakeun serine tanda siap nyanghareuoan bencana di buruan Kantor Kecamatan Margahayu, Jum'a'ah 26 April 2025.

Hal ieu dilakukeun sangkan warga di 4 desa jeung 1 kelurahan nu aya di Kecamatan Margahayu teu welèh siap kana kamungkinan tumiba bencana naon waé.

"Komo deui ayeuna cuasa tos "bersahabat", masarakat kedah siap siaga bencana. Boh bencana geometrologi, boh bencana-bemcana balukar balangah, saperti kahuruan. Kitu deui demam berdarah nu ayeuna keur nerekab," ceuk Tati satutas mingpin acara.

Tanggal 26 Aprl dipièling Hari Kesiapsiagaan Bencana, dipokalan ku Badan Nasional Penanggulanhan Bencana (BNPB).

Jejer Kesiapsiagaan Bencana taun 2024: "Gerakan Siap untuk Selamat." Dilaksanakan simulasi evakuasi mandiri secara nasional, dilaksanakeun bareng mimiti jam 10.00 waktu setempat di sakuliah Indonesia kalawan nabeuh bareng kohkol, serine atawa loceng.

Bukti langkah Kecamatan Margahayu dina hal tindakan pokeun nyegah DBD upamana, dilakukeun beraih-bersih atawa fogging lingkungan, tempat-tempat nu kamungkinan bisa jadi sayang reungit.

" Di kelurahan Sulaiman, aya sababaraha kasus DBD, Tapi alhamdulillah di urang aya 2 Puskesmas nu tiasa ngungkulan, sareng unggal desa tos fogging," pokna 

Tati Suharyati ngaku, teu welèh umajak ka para kepala desa sangkan dina sagala kagiatan naon wae teu weleh ngajak aub ka masarakat.

"Jadi teu sacara husus dina kagatan sosialisasi, tapi dina forum naon waè ditepikeun ka masarakat supados aya kasiapsiaan mayunan bencana  bencana, " ceuk Hj. Tati. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x