Sinergitas TNI-Polri, Ngevakuasi Kandaraan di Lokasi Bencana Alam Urug di Jalan Raya Cikijing-Kuningan

- 8 Maret 2024, 16:22 WIB
TNI-Polri, BPBD, katut warga ngaevakuasi motor nu kaurugan di Blok Cipadung, Desa Sindangpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka (7/3/2024).
TNI-Polri, BPBD, katut warga ngaevakuasi motor nu kaurugan di Blok Cipadung, Desa Sindangpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka (7/3/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Salasa,  5 Maret 2024, jam 20.30 WIB lamping urug di Blok Cipadung, Desa Sindangpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka. Balukarna jalan Nasional Cikijing-Kuningan teu bisa diliwatan ku kandaraan.

Kalayan rancage TNI-Polri, BPBD, katut Pamarentah Desa Sindangpanji pakepuk keur ngungkulan situasi walurat, Kemis (7/3/2024).

Anggota Koramil 1705/Cikijing Kodim 0617/Majalengka jeung anggota Polsek Cikijng katut stakeholder lianna, ngaevakuasi metarial nu minuhan jalan. 

Baca Juga: Kapolres Majalengka Langsung Ngaroris Jalur Lamping Urug di Jalan Raya Cikijing-Kuningan Blok Cipadung

Danramil 1705/Cikijing Kapten Inf Dadang Purnomo netelakeun, nepi ka kiwari masih lumangsung evakuasi keur muka katut ngaberesihan jalan anu kaurugan ku material taneuh lamping.

"Balukar kajantenan ieu, aya sababaraha kandaraan anu kapitapak,  tilu unit roda opat (1 unit mobil elpiji, 2 unit minibus) katut sapuluh unit roda dua tos di evakuasi. Kangge anu tacan kaevakuasi 1 unit mobil tengki elpiji anu PT. Pertamina," ceuk ceuk Danramil 1705/Cikijing.

Dugaan korban jiwa anu diduga salasahiji warga Desa Kondang Mekar, anu kaurugan di tempat kajantenan. Ieu dumasar katerangan teu acan Aya kontak sareng kulawargaina tur tacan kapuluruh.

Di tempat anu misah, Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., nandeskeun miluanana Danramil dina ngungkulan  musibat urug teh wujud merhatikeunana aparat teritorial dina ngabantu ngungkulan dampak bencana alam di wilayah binaanana. 

Baca Juga: Pasir di Désa Giriwaringin Kuningan Urug, Perlu Panalungtikan Geologi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x