Kapolres Majalengka Langsung Ngaroris Jalur Lamping Urug di Jalan Raya Cikijing-Kuningan Blok Cipadung

- 8 Maret 2024, 07:42 WIB
Kapolres Majalengka ngaroris lamping nu di jalan raya Cikijing-Kuninhan di blok Cipadung.
Kapolres Majalengka ngaroris lamping nu di jalan raya Cikijing-Kuninhan di blok Cipadung. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ngaroris ka jalur lamping anu urug di Jalan Raya Cikijing-Kuningan, di Blok Cipadung, Desa Sindangpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka, Kemis peuting (7/3/2024).

Harita Kapolres dibarengan ku Kasat Lantas, Kapolsek Cikijing, KBO Lantas, Kanit Turjawali, Muspika Kecamatan Cikijing, Dinas BPBD Kabupaten Majalengka, jeung Koramil Cikijing.

Urugan 1 ka 2 kalayan jarak 50 meter, urugan  2 ka 3 kalayan jarak 700 meter, urugan 3 ka 4 kalayan jarak 50 meter, jeung urugan 4 ka 1 kalayan jarak 50 meter. Panjang total urugan 4 nepi urugan 1 sajumlah 207 meter.

Baca Juga: Jalan Cikijing-Kuningan Urug, Sat Lantas Polres Majalengka Ngarekayasa Lalu Lintas

Kapolres mere sosialisasi ngeunaan situasi lalu lintas anu ka Kabupaten Kuningan jeung Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka, anu kapegat balukar urug lamping.

Inyana cumeluk  sangkan tetep tenang oge teu kaganggu ku kajadian urug. Lengkah pengalihan arus kandaraan oge dilaksanakeun keur ngajaga kalancaran lalu lintas tur kasalametan sarerea.

"Ngatoris ka dieu kangge nangtoskeun situasi di lapangan tur masihan pangladen anu panghadena ka masarakat sareng kangge nangtoskeun kasalametan warga sarta kalancaran arus lalu lintas," ceuk Kapolres.

Ku ayana ngaroris langsung dipiharep koordinasi antarinstansi bisa kabeungkeut kalayan hade dina nyanghareupan balukar urug lamping ieu. Sakumna pihak mibanda komitmen keur ngajaga kaamanan tur katartiban pikeun kaselametan masarakat.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x