Jalan Cikijing-Kuningan Urug, Sat Lantas Polres Majalengka Ngarekayasa Lalu Lintas

- 7 Maret 2024, 09:57 WIB
Sat Lantas Polres Majalengka Polda Jabar ngarekayasa lalu lintas patali jeung urug di  jalur Cikijing -Kuningan, Rebo (6/3/2024).
Sat Lantas Polres Majalengka Polda Jabar ngarekayasa lalu lintas patali jeung urug di jalur Cikijing -Kuningan, Rebo (6/3/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Satuan Lalu Lintas (Sat Lantas) Polres Majalengka Polda Jabar ngarekayasa lalu lintas patali jeung urug di  jalur Cikijing -Kuningan, Rebo (6/3/2024).

Rekayasa  jalur dipingpin ku Kanit Kamsel Sat Lantas Polres Majalengka, IPDA Aef Saefusyidqi, S.H., jeung anggota.

Dialihkeunana arus lalu lintas diperelukeun lantaran ayana gundukan urug ngabalukarkeun jalan teu bisa diliwatan ku kandraan.

Baca Juga: Urug di Jalan Raya Cikijing-Kuningan, Patalimarga Kateug

IPDA Aef Saefusyidqi, S.H., netelakeun, dialihkeunana arus lalu lintas  ngaliwatan jalur alternatif, anu utama keur kandaraan anu ka Kabupaten Kuningan jeung sabalikna.

"Ditrekahan ku rekayasa lalu lintas kalayan ngalaksanakeun pengalihan arus kandaraan anu ka Kabupaten Kuningan jeung sabalikna," ceuk IPDA Aef Saefusyidqi, S.H.

Kandaraan ti arah Ciamis, Tasikmalaya, Majalengka anu bakal muru ka Kabupaten Kuningan dialihkeun ngaliwatan Jl. Desa Cidulang - Jl. Desa Jagasari - Jl. Desa Cipulus - Wil Kec. Darma Kab. Kuningan (Jl. Desa Gunung Sirah - Jl. Desa Parung).

IPDA Aef Saefusyidqi, nyebutkeun jalur alternatif  ngan bisa diliwatan ku kandaraan leutik, saperti minibus, sapedah motor. Pikeun kandaraan gede, diarahkeun ka Jalan Raya Talaga, Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Alpukahna Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka, Warga nu Kasawat Tumor Dioperasi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x