Urug di Desa Gunungmanik Kuningan, Dua Umpi Ngungsi ka Imah Dulurna

- 17 Januari 2024, 19:38 WIB
Urug di salah sahiji desa wewengkon Kabupaten Kuningan
Urug di salah sahiji desa wewengkon Kabupaten Kuningan /Ajun Mahrudin/

  GALURA-Rasta katut kulawarga, urang Dusun Ciraharja, RT 6 RW 4 Desa Gunungmanik, Kecamatan Ciniru, Kabupaten Kuningan, kapaksa kudu ngungsi ka imah dulurna.

Kituna teh ku sabab imah anu dicicinganna, dina poe Salasa, (16/1/2024), kateumbrag urug.

Ceuk Kepala Pelaksana BPBD Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, sajaba imah Rasta anu kateumbrag urug teh imah bogana Wahono.

Pon kitu, Wahono oge kapaksa kudu ngungsi deuih.

Samemehna, hujan badag, ngabalukarkeun gawir deukeut imah Rasta jeung Wahono urug.

"Sajaba ngancam bumi warga, urug di Desa Gunungmanik ngabalukarkeun jalan penghubung Dusun Ciraharja ka bale desa katutup urug," ceuk Indra Bayu.***

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x