Mageuhkeun Tali Silaturahmi, GOW Kabupaten Banding Ngayakeun Halal Bihalal

- 29 April 2024, 18:31 WIB
Halal bihalal GOW Kabupaten Bandung, Senen (29/04/2024).
Halal bihalal GOW Kabupaten Bandung, Senen (29/04/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kullawarga Besar Gabungan Organisasi Wanita (GOW) Kabupaten Bandung ngayakeun acara silaturahmi dina Halal Bihalal sakaligus mièling Hari Kartini jeung ngabagèakeun Kunjungan Kerja GOW Kota Semarang.

Kegiatan nu dijejeran "Eratkan Silaturahmi dan Tngkatkan Profesionalitas Kerka Organisasi" teh lumangsung di Gedung Dewi Sartika Komplek Pemda di Soreang, Senèn, 29 April 2024.

Acara dieusi ku lomba, make up, tumpeng, jeung lomba pesen show.

Ketua GOW Kabupaten Bandung Ema Jubaedah nètèlakeun, dina ngabagèakeun tamu GOW ti Kota Semarang, disuguhan musik angklung ti anggota GOW jeung kamotèkaran seni sèjènna.

Ema ngedalkeun ras syukur ku acara silaturahmi nu lumangsung gumebyar. "Ieu tèh wujud nyata sumangat GOW. Mugia ku kagiatan sapertos kieu langkung kajalin tsilaturahmi nu pageuh," ceuk Ema.

Ema ogè míharep acara nu diayakeun maneuh saban taun teu ngendoran.

Ieu kagiatan diapresiasi ku Kaban Kesbang Pol Kabupaten Bandung, Bambang Sukmawijaya, NU ngaluuhan acara.

Inyana ngapresiasi peran GOW Kabupaten Bandung dina ngabina tur ngoordinasikeun organisasi wanita di wilayahna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah