Layanan Kasehatan Anyar di RSUD Otista Kabupaten Bandung Bupati: Teu Perlu ka RSHS

- 24 April 2024, 17:27 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaresmikeun  layanan anyar  RSUD Oto Iskandar Di Nata.
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaresmikeun layanan anyar RSUD Oto Iskandar Di Nata. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngaresmikeun layanan anyar jeung Ground Breaking Gedung Unit Transfusi Darah Rumah Sakit (UTDRS) di Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Oto Iskandar Di Nata, Soreang, Salasa, 23 April 2024.

Dadang Supriatna dibarengani Direktur RSUD Oto Iskandar Di Nata, dr. Yani Sumpena jeung rèngrèngan Organisasi Perangkat Daerah Kabupaten Bandung sèjènna.

Dadang Supriatna nyebutkeun, taun kamari pihakna heus meuli mesin cathlab. " Ieu salah sawios trèkah supados tiasa ngalayanan masarakat, nu alat kesehatan ieu kawates. Boh kanggo palayanan pangungkulan panyawat jantung sareng pembuluh darah boh nu sanèsna," pokna.

Mesin cathlab  ceuk Dadang Supriatna, bisa dikembangkeun jang Digital Substraction Angiography (DSA). Nyaèta prosedur kadokteran pikeun nitènan struktur pembuluh darah di otak, hususna dina lebah sirsh jeung beuheung. Pameriksaan invasive ngagunakeun mesin cathlab.

"Mung aya genep urang dokter spesialis jantung anak di Jawa Barat nu tiasa nganggo cathlab dina pangobatanana," ceuk Dadang.

Ku aya ieu alat, ceuk Dadang Supriatna, bisa ngurangan angka pasien nu ngarandapan kasakit jantung bawaan budak, tepi ka bisa diungiulan dii RSUD Otista Kabupaten Bandung.

Dadamg Supriatna nètèlakeun, ayeuna RSUD Otista ogè geus gawè bareng jeung pangayaan husus keur transfusi darah ku mimiti dilaksanakanana ground breaking unit layanan jang transfusi darah.

Sawatara taun samèmèhna, ceuk Dadang Supriatna, saban ngabutuhkeun getih, pasti ka PMI (Palang Merah Indonesia). Bupati miharep ku unit pangolahan transfusi darah nu aya di RSUD Otista bisa nyumponan kakurangan getih di Kabupaten Bandung. 

Dadang Supriatna ogè nepikeun di lingkungan RSUD Otista ogè nyadiakeun klinik eksekutif. "Ngahaja dihadirkkeun kumargi gaya hirup masarakat sareng kabutuhan kasehatan kalintang penting. Kumargi kitu aya sababaraha lokasi kanggo para pasien eksekutif di RSUD Otista, " pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x