GALURA.CO.ID - Bupati Bandung, Dadang Supriatna merenahkeun batu munggaran pangwangunan Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Bedas Pacira, di Desa Sukawening, Kecamatan Ciwidey, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 8 Maret 2024.
RSUD Bedas Pacira pernahna di tengah-tengah sabudeureun Kecamatan Pasirjambu, Ciwidey jeung Rancabali (Pacira), gamping diakses ku masarakat di tilu wilayah bieu.
RSUD Bedas Pacira tèh RSUD nu kalima, sanggeus opat RSUD Bedas sèjèna, nyaèta RSUD Bedas Cimaung, Kertasari, Tegalluar Bojongsoang katut RSUD Arjasari diresmikeun ku Bupati Bandung Dadang Supriatna sawatara waktu kaliwat.
"Alhamdulillah RSUD Bedas Pacira mangrupi RSID nu kalima salami 2 taun 10 sasih simkuring mancèn jamten bupati. Mugia pangwangunan RSUD Bedas Pacira lancar sareng hasilna engkè tiasa karaos ku sakumna masarakat Pacira," ceuk Dadang Supriatna.
Bupati Bandung nyebutkeun pangwangunan RSUD Bedas Pacira salasahiji tarèkah Pemkab Bandung dina ngaronjatkeun pangladèn kasehatan ka masarakat hususna di wilayah Pacira tur bisa ngaronjatkeun harepan hirup masarakat Kabupaten Bandung nu danget ayeuna geus tepi kana 74,27 taun.
Ceuk Bupati, jumlah warga Kabupaten Bandung 3,7 juta urang, ideal kabutuhan ruang rawat inep nu kudu disayagikeun kana 3700 tempat rawat inep.
Di Kabupaten Bandung, ceuk Dadang Supriatna, ayeuna karèk aya 2000 tempat rawat inep, boh boga Pamarèntah Daerah Kabupaten Bandung, Provinsi Jabar boh swasta. Masih kakurangan kana 1.500 tempat rawat inep.
Baca Juga: Ngaresmikeun RSUD Bedas Tegalluar, Bupati Bandung Nyita-Nyita Ngadegkeun deui 6 Rumah Sakit