Mahasiswi UT Warga Sayati Margahayu Kabupaten Bandung Tilar Katabrak Beus TNI AU

- 23 April 2024, 17:26 WIB
Evakuasi korban kacilakaan lalulintas  di Jalan Raya Terusan Kopo Kabupaten Bandung (21/04/2024).
Evakuasi korban kacilakaan lalulintas di Jalan Raya Terusan Kopo Kabupaten Bandung (21/04/2024). /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Kacilakaan lalulintas nu kajadian di Jalan Raya Terusan Kopo, hareupeun SMPN /SMAN 1 Margahayu Rt.001/007, Kelurahan Sulaiman, Kecamatan Margahayu, Senen, 22 April 2024 niwaskeun  Hana Rif'at Salsabila (20 taun) nu keur tumpak motor.

Ceuk katerangan Kapolsek Margahayu, Kompol Rizal Adam Al-Hasan, dina surat laporanana ka Kapolresta Bandung, ieu kacilakaan lalulintas  sakira jam 13.00 WIB.

Kajadianana, Honda Vario warna hideung No Pol : D-5273-UH nu ditumpakan korban holna ti lebah Kota Bandung ka Sorèangkeun. Dina waktu NU sarua rombongan beus TNI AU nu kaluar ti Pos 1 Pangkalan TNI AU, sarta terus ka Soreangkeun.

Baca Juga: Jalan Cikijing-Kuningan Urug, Sat Lantas Polres Majalengka Ngarekayasa Lalu Lintas

Pas di hareupeun SMAN/SMPN 1 atawa beulah kulon pasantren Matlaul Anwar Palgenep Desa Margahayu Selatan korban katubruk ti tukang ku beus rombongan TNI AU. Diduga supir beus teu ngajaga jarak jeung balangah.

Korban nu tiwas di tempat kajadian tèh
mahasiswi Prodi S1 Manajemen Fakultas Ekonomi dan Bisnis Universitas Terbuka Bandung. Inyana warga Jalan Saluyu, Rt.04/14 Desa Sayati Kecamatan Margahayu.

Korban dibawa ka RS Sulaiman, satuluyna ieu kajadian dilimpahkeun ka Unit Laka Lantas Polresta Bandung. Tepi ka ieu warta diturunkeun jam 17.22 WIB tacan aya katerangan ti pihak pangkalan TNI AU.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x