Operasi Patuh Lodaya 2023, sangkan Warga Ngestokeun Palaturan Patalimarga

- 21 Juli 2023, 17:16 WIB
Satuan Lalu Lintas (Satlantas) Polres Majalengka dina Operasi Patuh Lodaya 2023 ngaedukasi warga sangkan leuwih ngestokeun palaturan patalimarga.
Satuan Lalu Lintas (Satlantas) Polres Majalengka dina Operasi Patuh Lodaya 2023 ngaedukasi warga sangkan leuwih ngestokeun palaturan patalimarga. /Ayank/Galura

GALURA - Satuan Lalu Lintas (Satlantas) Polres Majalengka dina Operasi Patuh Lodaya 2023 anu dipilihna proaktif  sangkan warga leuwih ngestokeun patalimarga (lalulintas). Di antarana umajak sacara langsung sarta ku cara ngabagikeun leaflet jeung stiker.

Dina Operasi Patuh Lodaya 2023 Satlantas Polres Majalengka museur dina tarekah nyinglar dirempakna palaturan patalimarga sarta amanat sangkan warga ngajaga   lingkungan jalan raya nu leuwih aman jeung tartib.

Operasi Patuh Lodaya 2023 Satlantas Polres Majalengka dilaksanakeun di jalan-jalan strategis di wilayah hukum Polres Majalengka. Sakumna patugas cumeluk tur ngaedukasi ka sakumna nu make jalan ngeunaan pentingna tuhu kana rambu-rambu patalimarga.

Baca Juga: Kirab Budaya jeung Jalan Sehat nu Bakal Digelar di Majalengka Diklaim Pamilonna Welasan Rebu

Lian ti meredih ka warga sangkan ngestokeun batas kecepatan kandaraan, ngagunakeun helm mun make motor, sarta teu ngagunakeun  ponsel mun keur mawa mobil atawa motor.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., ditepikeun ku Kasat Lantas Polres Majalengka AKP Ngadiman, nyebutkeun Operasi Patuh Lodaya 2023   teh bagean tina tarekah preventif tur proaktif Satlantas Polres Majalengka.

Dina Operasi Patuh Lodaya 2023  Satlantas Polres Majalengka ngayakeun interaksi jeung nu make kandaran, motor atawa mobil, katut jeung nu leumpang di sisi  jalan.

"Edukasi didugikeun ku cara nu someah sarta ngutamikeun panarekan humanis, supados nu didugikeun tiasa katampi kalayan hade ku masarakat,” ceuk AKP Ngadiman.

Salasaurang warga ngahaturnuhunkeun kana edukasi ku didugikeun ku patugas Satlantas Polres Majalengka. “Cumelukna kawilang penting kangge kasalametan di jalan raya," pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x