Paturay Tineung Dandim 0624, Letkol Inf Hamzah Budi Susanto: Beurat Ninggalkeun Kabupaten Bandung

- 5 Mei 2024, 07:14 WIB
Paturay tineung Dandim 0624/ Kabupaten Bandung di Gedung Moh Toha Soreang, peuting tadi (04/04/2024)..
Paturay tineung Dandim 0624/ Kabupaten Bandung di Gedung Moh Toha Soreang, peuting tadi (04/04/2024).. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Acara Paturay Tineung Dandim 0624/ Kabupaten Bandung jeung Kepala Staf Korem (Kasrem) 062/Tarumanagara Garut lumangsung di Gedung Mohammad Toha Komplek Pemkab Bandung di Soreang, Saptu, 4 Mei 2024, peuting.

Samèméhna digelar acara Serah Terima Jabatan Kasrem 062/Tn ti Letkol Inf Ageng Wahyu Romadhon, S.I.P., M.I.P., ka Letkol Inf Hamzah Budi Susanto, S.E., M.I.P nu lumangsung di Gedung Serba Guna Korem 062/ Tarumanegara, Garut, Kemis, 2 Mei 2024.

Letkol Inf Hamzah Budi Susanto, salila 1 taun 4 bulan ngajabat Dandim 0624/ Kabupaten Bandung. Inyana ngaku beurateun ninggalkeun Kabupaten Bandung, lantaran para pajabat jeung wargana geus asa jadi kulawarga.

"Hartosna, antara hubungan Forkopimda , masarakatna sareng anggotana, simkuring ngaraos lugina di dieu. Tapi tos mangsana simkuring kedah undur ti dieu, " ceuk Hmzah dina lolongkrang acara.

Hamzah ngedalkeun syukur, inyana meunang promosi jadi Kepala Staf Korem 062 Tarumanagara Garut. "Jadi Kodim 0624/ Kabupaten Bandung masih kèjèh dina panyalindungan kapamingpinan Korem simkuring. Hartosna, sanaos simkuring tos di Korem tapi masih kènèh bagèan tina Kodim di dieu, " pokna.

Hamzah meunteun Dandim nu anyar bakal alus, bisa nuluykeun kapamingpinan dirina. "Anjeunna pasti siap ngalajengkeun tugas. Samalih mungkin tiasa langkung saè batan simkuring. Simkuring amanat tetep jagi silaturahmi, kaguyuban sareng forum koordinasi pimpinan daerah. Tambih deui raket sareng masarakat di dieu nu luar biasa kalintang nembrak, nyunda pisan. Hontal prestasi. Insyaallah anjeunna tiasa langkung saè ti simkuring, " pokna.

Dandim 0624/Kabupaten Bandung Letkol Inf Tinton Amin Putra, S.E., samèmèhna ngajabat  Pabandya Wanmil Ster Kostrad. Inyana ngaku siap mancèn tugas tur baur jeung masarakat Kabupaten Bandung.

Pikeun Tinton Amin Putra, Kabupaten Bandung geus teu asing  siap ngajalankeun tugas Dandim 0624/Kabupaten Bandung pikeun ngarojong program pamarèntah tur ngajaga kondusifitas warga.

Acara paturay tineung diluuhan Bupati Bandung, Dadang Supriatna, Wakil Ketua DPRD Kabupaten Bandung Yayat Hidayat, Kapolresta Bandung Kombes Pol Kusworo Wibowo katut rèngrengan Forkopimda sèjènna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah