Situ Cigayonggong, Potensi Wisata di Kecamatan Kasomalang Kabupaten Subang Diantep Pinuh ku Eceng Gondok

- 20 Juli 2023, 06:27 WIB
Alatan ku Desa Kasomalangwetan, BPBD Kabupaten Subang, TNI jeung Polri miceunan eceng gondok nu minuhan Situ Cigagoyonggong.
Alatan ku Desa Kasomalangwetan, BPBD Kabupaten Subang, TNI jeung Polri miceunan eceng gondok nu minuhan Situ Cigagoyonggong. /

GALURA -Enggoning miara aset pariwisata Desa Kasomalangwetan, Kecamatan Kasomalang, Kabupaten Subang, BPBD jeung TNI Polri babarengan ngabersihkeun eceng gondok nu minuhan cai Situ Cigayonggong (17/07/2023).

Ngaberesihan Situ Cigayonggong tina eceng gondok perlu gotong royong pamarentah jeung Masyarakat. “Pentingb diberesihan sabab Situ Cigayonggong teh pariwisata di tataran Desa Kasomalangwetan, Kecamatan Kasomalang,” ceuk Deden salasahiji anggota BPBD Kabupaten Subang.

Deden netelakeun pamarentah Kabupaten Subang ngajak ka masyarakat pikeun ngajaga kaasriaan Situ Cigayonggong nu aya di Desa Kasomalangwetan, Kecamatan Kasomalang. BPBD Kabupaten Subang katut TNI-POLRI nu langsung ngabantu ngabersihkeun eceng Gondok nu ngahunyud salasahiji bukti pikeun ngamotivasi masarakat merhatikeun lingkungan.

Baca Juga: Mapag Taun Anyar 1445 Hijriyah, Bupati Bandung Ngabagikeun Boeh

“Mudah-mudahan diberesihkeunana Situ Cigayonggong bisa ngaronjatkeun datangna wisatawan. Keur ngaberesihkeun eceng gondok, pamarentah nyadiakeun alat, ngaberesihkeunana kudu maneuh,” ceuk Deden .***Zis

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah