Mapag Taun Anyar Islam 1445 Hijriyah Pemda Bandung Ngagelar Gebyar Festival Muharam

- 18 Juli 2023, 19:41 WIB
Ngabageakeun taun anyar Islam 1445 Hijriyah, pamarèntah daerah Kabupaten Bandung ngagelar Gebyar Festival Muharam di Dome Bale Rame Soreang, Kabupaten Bandung, Salasa  (18/07/2023).
Ngabageakeun taun anyar Islam 1445 Hijriyah, pamarèntah daerah Kabupaten Bandung ngagelar Gebyar Festival Muharam di Dome Bale Rame Soreang, Kabupaten Bandung, Salasa (18/07/2023). /Sopandi/Galura

GALURA-Mapag taun anyar Islam 1445 Hijriyah, Pamarèntah Kabupaten Bandung ngagelar Gebyar Festival Muharam di Dome Bale Rame Soreang, Kabupaten Bandung, Salasa (18/07/2023).

Dina Gebyar Festival Muharam mapag taun anyar Islam 1445 Hijriyah disuguhkeun saniskara pintonan, di antarana fashion busana muslim kalawan makè pakèan tina sarung produk UMKM di Majalaya Kabupaten Bandung.

Fashion show busana muslim dina Gebyar Festival Muharam mapag taun anyar 1445 Hijriyah teh tarèkah ngamumule ngapromosikeun produksi sarung Majalaya, diiluan ku OPD, di antarana Sekretaris Daerah Kabupaten Bandung H. Cakra Amiyana katut bojona, Asisten, kepala dinas jeung para camat dibarengan ku bojona sewing-sewangan.

Baca Juga: PPDB 2023 di Kabupaten Ciamis, Teu Meunang Aya Pulutan Nanaon

Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung bojona katut Wakil Bupati Bandung Sahrul Gunawan jeung bojona nutup acara fashion show kalawan nembongkeun busana muslim ciri has sarung Majalaya.

Iwal ti fashion show, diayakeun ogè khitanan massal nu diiluan ku 190 urang jeung ti 31 kecamatan di Kabupaten Bandung, bazar UMKM kalawan nembrakeun rupa-rupa produk asal Kabupaten Bandung,

Dina Festival Muharam ogè aya runtuyan kagiatan tablig akbar, pawai obor jeung festival marawis dina Salasa peutingna.

Bupati Dadang Supriatna meredih ka para ASN, katut sakumnah aparat kudu mgagunakeun hasil karajinan sarung Majalaya pikeun terus ngaronjatkeun tumuwuhnai paekonomian di Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah