Di Kabupaten Bandung, Rea nu Geus Rumah Tangga tapi Can Boga Surat Nikah, Alatan Biaya Nikah Mahal?

- 18 Juli 2023, 16:00 WIB
Salahsahiji pasangan salaki pamajikan nu geus lila rumah tangga nu miluan itsbah nikah sarta meunang surat nikah. Di Kabupaten Bandung rea pisan nu geus imah-imah teu boga surat nikah.
Salahsahiji pasangan salaki pamajikan nu geus lila rumah tangga nu miluan itsbah nikah sarta meunang surat nikah. Di Kabupaten Bandung rea pisan nu geus imah-imah teu boga surat nikah. /

GALURA- Di Kabupaten Bandung nu ayeuna dipupuhan ku Dadang Supriatna tetela masih keneh nu geus kawin malah geus boga anak tacan boga surat nikah. Eta wae aya 1000 pasang (salaki pamajikan) nu miluan Itsbat Nikah "Pelaminan Cantik" dina raraga Hari Bhakti Adhyaksa ka 63 jeung Hari Ulang Tahun Ikatan Adhyaksa Dharmakarini ka-23.

Di Aula Kecamatan Ciwidey Kabupaten Bandung, Senen (17/7/2023), 20 pasang nu ijab kabul deui, milu Ttsbat Nikah "Pelaminan Cantik" dina raraga Hari Bhakti Adhyaksa ka 63 jeung Hari Ulang Tahun Ikatan Adhyaksa Dharmakarini ka-23 sarta meunang surat nikah.

Kagiatan Itsbat Nikah “Pelaminan Cantik" dina Hari Bhakti Adhyaksa ka-63 jeung Hari Ulang Tahun Ikatan Adhyaksa Dharmakarini ka-23 rukun gawè antara Kejaksaan Tinggi (Kejati) Jawa Barat, Pamarèntah Kabupaten Bandung, Pangadilan Agama Soreang Kabupaten Bandung, jeung Kementerian Agama Kabupaten Bandung. Anu miluanana dibere surat nikah.

Baca Juga: Muscab VII Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka, Ketua Umum MPN Pemuda Pancasila Ngarojong Anies

Bupati Bandung, Dadang Supriatna nètèlakeun, lega wilayah Kabupaten Bandung 174 rèbu hektare, jumlah cacah jiwana 3,72 juta, tètèla masih kènèh loba warga Kabupaten Bandung nu geus boga katurunan, tapi can boga akta nikah.

Tina kituna, Dadang Supriatna ngusulkeun ka Kejati Jabar sangkan kagiatan itsbat nikah dijadikan program maneuh taunan. Kepala Kejaksaan Tinggi Jawa Barat Ade Sutiawarman mertèlakeun, itsbat nikah nu tiheula mah disebut nikah massal. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah