Lalakon Udi

- 17 Juli 2023, 08:44 WIB
/

Ku Arif Abdillah

MOAL  aya nu mangmang kana hasil pagawéan Udi Junior mah. Kabéh geus pada apal yén gawéanana rapih jeung nyugemakeun. Cara bapana baheula, Udi Senior ogé kacida kapaké pisan. Angot ku mandor keusik mah. Kawantu Udi Senior téh jujur, tara ngangluh kana gawéan - daék dibayar murah ongkoh.

Uyah mah tara téés ka luhur. Udi junior ogé sarua kitu. Puguh cara gawéna téh nyeplés pisan jeung Udi Senior. Nya jujur, nya daék dibayar murah deuih. Ngan nya éta kalan-kalan anu jujur téh sok ditungtungan ku kabelejog. Teu bina jeung Udi Senior, anu sarwa kabelejogna.

Udi Senior téh kungsi dibérok. Ari anu jadi sababna mah, lantaran mindahkeun layon Abah Bolot ti pamakaman kulawarga Pa Sajahtra ka pamakaman kulawarga Pa Raharja. Udi Senior teu bisa baha. Sanajan ukur dititah, manéhna rumasa ngalakonan éta téh lantaran butuh. Mungguh lalakon Udi Senior nepi ka dibérok téh pabaliut. Udi Junior minangka anak hiji-hijina ogé teu pati apal kumaha lalakon nu sabenerna.

Ngan cék katerangan Aki Udi - ieu katerangan téh katarima ku Udi Junior waktu umurna nincak sapuluh taun, tilu bulan. Meneran dina poé katujuh Udi Senior tilar dunya  atawa tujuh poé deuina Aki Udi ngagantung manéh sabada cacarita ka Udi Junior- kieu cenah kateranganana téh:

Lembur téh kungsi harénghéng. waktu kulawarga Pa Raharja jeung Pa Sajahtra ngawasa. Gunung jeung leuweung téh dikawasa ku duanana. Ketang lain duanana anu ngawasana mah. Tapi bapana, anu katelah Abah Bolot - kokolot lembur. Waktu Abah Bolot ngawariskeun gunung ka Pa Raharja, sedeng leuweung dibikeun ka Pa Sajahtra.

Kakawasaan duanana téh beuki ngalegaan. Malah ti duanana jlug-jleg pabrik sagala. Pa Raharja nga-wasa pabrik semen, keusik, kapur, jeung batu. Atuh Pa Sajahtra nga-wasa pabrik kai, hoe, jeung mébel. Mimitina urang lembur gé milu makmur. Ngan waktu Pa Raharja jeung Pa Sajahtra ancrub nyalonkeun jadi pamingpin lembur. Kama-muran urang lembur téh mimiti leyur.

Wuwuh urang lembur mah asa diadukeun ku nyalonkeunana Pa Raharja jeung Pa Sajahtra. Pang-pangna mah bingung kudu milih saha. Duanana pada-pada ngamakmurkeun urang lembur. Kari-kari ayeuna teu meunang henteu kudu milih salahsahijina. 

Puguh réa nu sabil. Mangkaning sakulawarga téh aya nu digawé di Pa Raharja, aya deuih anu digawé di Pa Sajahtra. Teu jarang dina sakulawarga téh remen paséa. Teu béda jeung kulawarga Udi, méh saban poé ragot paséa. Pangpangna mah jeung bapana anu masih keukeuh peuteukeuh milih Pa Sajahtra.

Dina prungna, Pa Sajahtra anu kapilih téh. Geus kajudi kumaha lalakon satuluyna. Réa pagawéna anu dipecat tanpa alesan. Teu cukup éta, pagawé Pa Raharja taya hiji ogé anu ditarima gawé ku Pa Sajahtra. Antukna maranéhna kapaksa pindah ka lembur séjén.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x