Carpon Usep ROMLI HM
MATUH indit palolohor. Bérés mancén tugas ngajar. Ngapruk ka pilemburan. Néangan bahan berita jeung tulisan. Ngamangpaatkeun kasempetan jadi wartawan freelance. Nyambi tina gawé sapopoé jadi PNS Guru SD.
Nyoréndang kaméra badag Asahi Pentax. Ku urang lembur nu kasaba, sok pada nyebut tukang potrĕt. Ah teu nanaon. Atuh lamun aya nu dihayang dipotrĕt, dilayanan. Tur dihargakeun sakumaha kabiasaan tukang potrĕt. Tapi nu utama mah, motrĕtan obyék-obyék keur ngalengkepan bahan tulisan, nu kaasup katĕgori foto jurnalistik.
Malah motret di nu hajat sunatan atawa pangantĕnan, ditedunan baé, aya nu pesen mah.
Lumayan, nambah-nambah jalan pangasilan, sakalian ngalogoran wawawuhan jeung silaturahmi.
Hiji waktu, sabot leumpang mapay tegalan, aya aki-aki keur ngangon munding ngageroan.
“Hĕy, Ujang tukang potrĕt, sabaraha regana dipotrĕt?”
“Saratus, Aki,” tĕmbal tĕh. Enya, harga potrĕt hideung bodas ukuran postcard harita Rp100. Can prah potret warna nu pilemna langka kénéh. Dina ayana ogé mahal,
“Saratus tĕh hiji? Aki sorangan?”Aki-aki nanya deui.