“Muhun. Ari kitu?”
“Tadina hayang jeung munding. Aki dipotrĕt keur tumpak munding.”
Bet jorojoy hayang ngabanyolan. Ngaheureuyan babalagonjangan.
“Ari munding mah da badag. Tilu ratus, Aki !”
“Euleuh kutan mahal! Jadi mun Aki dipotrét tumpak munding, opat ratus?”
“Tah kitu!” dienyakeun bari seuri.
“Ambuing, mahal kacida. Tapi keun baĕ opat ratus ogĕ. Da teu kudu dibayar ayeuna lin? Engkĕ ari potrĕtna geus anggeus, pan?”
“Muhun. Tenang wĕ.”
“Sok atuh. Kĕ Aki naék heula!” cĕklak Si Aki kana munding. Geus merenah, laju dikekĕr-kekĕr. Mokuskeun lénsa.
Sabot kitu, torojol incuna duaan. Tinggĕrĕwĕk.