Barang dicitak, poto budak duaan tumpak munding tĕh, alus pisan. Boh pencahayaanana, boh posena. Candid, teu dirĕka. Komo sanggeus digedĕaan. Dicitak ukuran 18 x 24. Hebring rarasaan tĕh. Ngandung unsur human interest.
“Bakal dimuat mun dikirimkeun ka koran ibukota. Honorna badag,” haté bungangang ku harepan sugan enya.
Poto Si Aki onaman, rada jagreug. Ma’lum bari nyeta. Panonna lempeng neuteup kamĕra.
Basa mikeun poto Aki jeung poto incuna, ukur ménta saratus. Henteu genep ratus. Si Aki colohok. Padahal manĕhna geus nyayagikeun duit genep ratus.
“Nu lima ratus mah, hadiah. Itung-itung pameungkeut kakulawargaan dumĕh abdi mindeng ngulampreng ka dieu.”
“Nuhun atuh, Ujang Tukang Potrĕt,” Si Aki mamandapan. “Ngan keukeuh Aki asa boga hutang. Ari embung duit mah, kumaha mun ku kacang galing. Kabeneran karĕk meunang ngala. Tuh keur digeugeusan ku Si Nini jeung barudak.”
Kop Si Aki nyokot kacang galing nu keur meujeuhna ngeunah diangeun , opat geugeus.
“Tah, lumayan. Wayahna candak,” Si Aki nambrukeun beungkeutan kacang hareupeun.
Kapaksa atuh daĕk. Ngan mani ridu wĕ. Leumpang nyorĕndang kamĕra jeung ngajingjing kacang. Sajauh-jauh. Beurat deuih.
“Emh, balukar ngaheureuyan Si Aki. Teu jaga-jaga teuing wawalesna.”