Minantu

- 20 Februari 2024, 12:51 WIB
Ilustrasi carpon Minanantu.
Ilustrasi carpon Minanantu. /Budi Riyanto/

Ku Lely Moel

BASA Si Aa ménta idin ngadahup ka Nina, hate rada teu méréan. Atu­da Nina mah e­nya gé geulis, bo­das, tapi asa jalingkak pisan. Teu weléh kana motor trail jaba sok nyampeur-nyampeurkeun ka imah. Katam­bah harita keur meujeuhna nanjeur di dunya atletik. Enya, piminantueun téh atlit lari, geus meunang medali emas sagala di ting­kat kota madya mah. Dikon­trak ku pemda ogé diolo ku tempat séjénna, transfer pamaén meureun.

Teu ngabibisani mun Si Aa kapéngpéongan, resep ku geulisna, reueus ku préstasina. Ongkoh apan sarua hobina kana olahraga. Ngan ieu mah kana maén volley.  Reguna geus saba kota jeung teu weléh jadi jawara. Di tempat gawéna jadi regu petingan nu ma­wa komara instansi. Lain pédah ceuk indungna, rupa budak téh blég artis sinétron. Saba­ba­raha kali asana ditawaran pe­motrétan modél baju koko jeung casual. Tina rupa mah, jeung Nina téh nurub cupu. Tangtuna bakal ngahasilkeun incu-incu anu lucu, kasép jeung geulis.

“Nina bakal bisaeun ngurus budak jeung masak kitu?” cekéng nalék.  Apan sakitu rajinna  Si Aa mah noong eusi méja makan. Siga jenat bapana nu miheulaaan mu­lang. Unggal peuting sok nanya, masak naon keur mumuluk atawa dahar beurang. Tumis kentang dipeuteuyan diatian, sambel té­rong jeung gepuk maro parud laja karesepna. Bubur kacang, kolek cangkaléng jeung goréng pisang peuyeum nu amisna.

Ari Nina, kerep nganjang ogé asa can kawé­néhan ngulampreng ka dapur, nyampeurekeun kuring nu keur popolah. Pernah ngirim ogé teu jauh ti martabak atawa roti.

“Ari Mamah, apan aya Ma­mah, nya atuh wartosan wé Nina­na,” kalah némbalan kitu bari nyengir.

Pruk wé kawin, sangkaan teu nyalahan. Minantu sagala ngawa­gu. Bébérés teu bisa, masak teu mi­rasa. Gawéna latihan jeung la­tihan. Nepi ka ngandeg terus ju­cung ngajuru, teu pakanci kana latihan mah. Ukur cuti tilu bulan. Budak orok beureum ditinggalkeun, cisusu dipetkeun, diganti ku susu sapi.

Panas tiris meunang saminggu alatan ngabareuhan pi­nareup  ngaluarkeun ASI anu teu kasedot, teu dirasa sigana. Dipa­pagahan sangkan nunda heula latihan beurat, da apan di jero beuteung mah acan cageur saratus peresen, bisi aya matakna, jawabna énténg,

“Kin aya dokter kandungan nu marios.”

“Mamah ngalaman dua kali ngalahirkeun, tara wani beubeuratan salila sataun mah, da awak téh kakuatanana kawatesan. Ulah asa aing awak jagjag.”

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x