Minantu

- 20 Februari 2024, 12:51 WIB
Ilustrasi carpon Minanantu.
Ilustrasi carpon Minanantu. /Budi Riyanto/

“Justru abdi mah bakal pare­gel pami teu latihan, Mah.”

Bari nilepan kaos ganti jeung ngasupkeun sapatu kana tas, nyalsé ném­balan. Kuma­karep lah, ngélingan enggeus. Léos ka dapur, ngagodogan botol  susu supaya stéril. Ti saprak ka­win barudak ngeu­keuhan hayang di­tu­turkeun. Untung Si Bungsu geus lu­lus kuliah, jadi bisa ditinggalkeun di imah sorangan.

Ngan nyaéta atuh, lamun téa mah gegetun jeung aral, tada teuing num­puk dosa anak minantu. Ngan da ikhlas, haté wening clik hérang clak bo­das. Masak, nyeu­seuh, bébérés ogé ngurus budak. Dua kali asana aya nu babantu. Ngan tara lana. Moal jauh musababna mah ti Nina, bawél jeung rada cedced kana rejeki.

Pembantu jaman ayeuna mah itungan. Padahal ga­jih Si Aa gebro kabéh, kaasup bisnis leuleutikan nu dikokolakeun baba­rengan jeung baladna. Atuda enya, sa­kalieun kuring ha­yang ngaganti das­ter ogé sok murak céngcéléngan, tina hasil ngamandoran masak di nu hajat nu teu kerep da ri­weuh ku ngurus incu. Teu téga namprak ka budak, bisi pajar boga indung culamitan hayang waé dibéré.

Basa incu nu cikal nincak salapan bulan, Nina ngomong deuk pelatihan ka luar kota.

“Mah, Nina  ke Surabaya dua ming­gu, nitip ya jaga Si Dede ba­ik-baik. Jangan dibekel ke pasar takut debu, jabaning teu higienis urang pasar mah, seueur haseup roko. Kahadé emamna ulah dipasihan sangu heuras, ke abdi mésér tim instan supaya Mamah teu repot masak.”

“Barina ogé nanaonan Mamah ka pasar mekel budak? Sok motah jeung ruwal-rawél, beurat ngangais. Ngeunaan sangu tim tong hariwang, da Mamah gé apal naon nu dipikaresep ku incu, " ném­balan teh rada teugeug, duka kunaon bet jadi heneg ngadéngé kekecapan minantu.

Nu beberengkes keur pelatihan kacontang waktuna sibuk meuli itu-ieu keur ngalengkepan bebekelan. Nina meuli sababaraha dus tim instan nu kari ninyuh ku cai panas dispénser. Dina waktuna indit, incu ngadadak réwél sakitu biasa ditinggalkeun. Tapi Nina mah teuneung nga­léng­kah­keun suku, naék kana mobil dijajap ku si Aa. Dadah ka budak bari taya riuk-riuk melang atawa beurat ninggalkeun.

Bunda mau mengejar impian Nak. Sama Enin ya di sini,” ukur sakitu bari ngusapan budak nu wera nyambat indungna embung diting­galkeun. 

Saditinggalkeun ku Nina, incu teu anteng, awakna panas, em­bung dahar. Asa coplok jangjang balas ngais. Paingan budak téh kiloanana leuwih ti lima belas kilo. Si Aa nepi ka nyokot cuti tilu poé nyuluran ngasuh. Budak em­bung leupas tina aisan. Panasna teu turun, sakitu geus dibéré ubar penurun panas.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah