PDI Perjuangan Majalengka Ngarojong deui Karna Sobahi jadi Calon Bupati

- 23 April 2024, 11:00 WIB
DPC PDIP Kabupaten Majalengka nu dipupuhuan ka Karna Sobahi geus netepkeun kandidat calomj bupati.
DPC PDIP Kabupaten Majalengka nu dipupuhuan ka Karna Sobahi geus netepkeun kandidat calomj bupati. /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID -DPC PDIP Kabupaten Majalengka nu dipupuhuan ka Karna Sobahi, geus ngayak picalonbupatieun jeung piwakilbupatieun dina Pilkada 2024. Hasilna tembong tujuh ngaran kandidat potensial anu bakal tandang marebutkeun korsi pamingpin di Kabupaten Majalengka.

Eta tujuh ngaran teh: Ketua DPC PDIP Majalengka, Karna Sobahi, wawakil pangusaha saperti Aceng Sunanto jeung Maman, kaasup kader PDIP saperti Imas Indrawati.

Salian eta, aya oge wawakil ti kalangan PNS saperti Lilis Yuliasih, sarta sababaraha tokoh lianna saperti Jejep Falahul Alam ti kalangan jurnalis jeung Indra Sudrajat.

Sekretaris DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka, Tarsono D. Mardiana, nyebutkeun, saenyana calon bupati anu dirojong ku PDI Perjuangan Majalengka geus aya dina titik final.

Baca Juga: Legislator Fraksi PDIP H. Dadan Konjala, SH, Miharep dina Milad ka 383 Kabupaten Bandung Leuwih Hade

"Saleresna, calon bupati kangge di PDI Perjuangan Majalengka tos final, nyaeta Ketua DPC PDIP Majalengka, H Karna Sobahi. Tinimbanganana dumasar struktural, emosional, jeung fakta kuat di lapangan, tur parantos kenging sinyal ti DPP," ceuk Tarsono D. Mardiana, Saptu (20/4/2024).

Tina kituna, ceuk Tarsono, hal ieu nangarakeun PDI Perjuangan Majalengka geus nangtukeun pikeun ngarojong deui Karna Sobahi jadi calon bupati. Anu sejenna nu milu diayak keur posisi calon wakil bupati.

Tarsono netelakeun, ku ayana rojongan kuat ti kulawarga besar PDI Perjuangan Majalengka, pihakna optimistis calonna unggul dina Pilkada 2024.

"Insya Allah, dumasar fakta di lapangan bakal kenging dina Pilkada 2024," ceuk Sekretaris DPC PDIP Kabupaten Majalengka, Tarsono D Mardiana.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x