PDIP Majalengka: Ratusan Urang nu Mundur Massal Lain Kader PDIP

- 18 Januari 2024, 21:50 WIB
Ti Kenca, Tarsono D Mardiana (Sekretaris DPC PDI P Majalengka nu oge Manten Wabup Majalengka), Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd (Ketua DPC PDI P Majalengka nu oge Manten Bupati Majalengka), Sabungan Simatupang (Ketua TMP DPC PDI P Majalengka), Dr. H. Sutrisno SE, M.Si (Anggota DPR RI).
Ti Kenca, Tarsono D Mardiana (Sekretaris DPC PDI P Majalengka nu oge Manten Wabup Majalengka), Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd (Ketua DPC PDI P Majalengka nu oge Manten Bupati Majalengka), Sabungan Simatupang (Ketua TMP DPC PDI P Majalengka), Dr. H. Sutrisno SE, M.Si (Anggota DPR RI). /Ayank/galura.co.id


GALURA,CO.ID -Ratusan kader jeung simpatisan PDIP di Kabupaten Majalengka daratang ka Kantor DPC PDI P Majalengka masrahkeun atribut partai sarta netelakeun diri kaluar ti partai PDI Perjuangan, Salasa, (16/01/2024). Pangna malundur teh milu lengkah politisi nasional PDIP, Maruarar 'Ara' Sirait (Ara), nu mutuskeun mundur ti PDIP, Senen, 15 Januari 2024.

Kader PDIP oge sayap partey PDIP nu ngaranna Taruna Merah Putih (TMP) ngadatngan Kantor DPC PDI kira-kira jam 8.00 WIB bari mawa atribut nu biasa dipake mun miluan kagiatan organisasi. Dipingpin sarta dipokalan ku Bendahara TMP, Dena Muhamad Ramdan sarta ditarima ku kepala sekretariat kantor, Bayu.

Harita Dena masrahkeun rompi TMP ka Bayu simbol kaluar ti kaanggotaan jeung geus lain simpatisan partey. “Sim kuring katut rengrengan netelakeun kaluar ti kaanggotaan jeung simpatisan PDIP, ngiringan arah politik Ara Sirait nu tos ti payun undur diri ti kaanggotaan partai sarta ngiring kawijakan politik Pa Jokowi nu tos ngarobih Indonesia ka nu langkung maju,” ceuk Dena.

Baca Juga: Dialog Capres 2024 jeung PWI, Anies Baswedan: ‘Tong Méré Dahareun ka Buzzer’

Ketua TMP Kabupaten Majalengka, Sabungan Simatupang, ngungkabkeun, pihakna tacan nyahoeun ngeunaan undurna kader jeung sabagean pangurus TMP. Inyanna nyebutkeun ngundur dirina kader PDIP hak masing-masing individu, ku kituna teu bisa dicaram.

Sabungan netelakeun inyana bakal tetep jadi kader PDIP sanajan Ara Sirait, nu geus ngagedekeun organisasi TMP, kaluar ti PDIP.

Ketua DPC PDIP Majalengka Karna Sobahi nyebutkeun mundurna salasahiji kader partai teh hal biasa di partey pulitik. “Bang Ara eta pan ngundurkan diri bari ngutamakeun etika, tatakrama, jeung ngagunakeun prosedur. Sopan kalayan ngaggo bahasa izin pamit teras masrahkeun KTA disarengan ku ngahatur nuhunkeun ka PDI Perjuangan nu tos ngabantos ngaageungkeun anjeunna salmi puluhan taun janten anggota legeslatif,” ceuk Karna Sobahi nu oge manten Bupati Majalengka tejh.

Lain Kader

Sabungan Simatupang netelakeun ratusan nyebutkeun mundur ti PDIP lain anggotana. “Ukur 3 urang anggota TMP ti 150 massa nu netelakeun mundur massal dina Poe Salasa (16/1/2024) kamari,” pokna nalika jumpa pers di kantor DPC PDIP Majalengka, Kemis (18/1/2024).

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

Sabungan teu nyahoeun pasukan nu dibawa Dena Muhamad Ramdhan teh ti mana meunangna. Najan kitu Sabungan bakal sagancangna ngevaluasi kapangurusan sarta ngaganti 3 urang kader nu aub dina aksi mundur massal.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah