PAC PDIP Margahayu Ngariakeun Milangkalana ka 51 ku Silaturahmi jeung Konsolidasi

- 11 Januari 2024, 05:43 WIB
Ketua PAC PDIP Kecamatan Margahayu,  H. Dadan Konjala, SH. (kenca/diuk) jeung Sekretaris  Bidang Pendidikan dan Pelatihan DPC PDIP Kabupaten Bandung, Dariel Fadhlilah Konjala (diuk/ katuhu).
Ketua PAC PDIP Kecamatan Margahayu, H. Dadan Konjala, SH. (kenca/diuk) jeung Sekretaris Bidang Pendidikan dan Pelatihan DPC PDIP Kabupaten Bandung, Dariel Fadhlilah Konjala (diuk/ katuhu). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Rebo, 10 Januari 2024, PDI Perjuangan ngareuah-reuah milangkalana nu ka-51. Pikeun tingkat PAC PDI P Kecamatan Margahayu direuah-reuahna ku turun ka masarakat, silaturahmi jeung stuktural PAC PAC Margahayu.

Sekretaris Bidang Pendidikan dan Pelatihan DPC PDIP Kabupaten Bandung, Dariel Fadhlilah Konjala nètèlakeun, jejer milangkala ka-51 PDIP ayeuna: Satyam Eva Jayate .

"Hartosna bebeneran pasti unggul, cara ngariakeunana ku turun ka masarakat sareng sikaturahmi, konsolidadasi kanggo kaunggulan Gqnjar- Mahfud sareng PDI Perjuangan, " ceuk Dariel.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Meredih ka KPU sangkan Kreatif keur Ngaronjatkeun Partisipasi Pemilu 2024

Dariel nyebutkeun, PAC PDIP ngariakeun milangkala ka-51 di panganjrekan Erwin, salasahiji stuktural PAC PDI Margahayu, di Lembur Curug Dogdog Desa Sukamenak Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, Rebo, 10 Januari 2024 burit.

Dariel nu ogè calon legislatif DPRD Kabupaten Bandung ti Dapil 2 amanat sangkan para nonoman teu apatis kana politik.

"Kumargi kumaha baè ogè kawijakan kaputusan ka payun teu leupas tina politik sareng kedah lebet kana sistem. Ku kituna simkuring nyalonkeun janten anggota DPRD Kabupaten Bandung. Mugia tinekanan. Simkuring badè merjuangkeun masarakat, " pokna.

Hal sarupa ditètèlakeun Anggota DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi PDIP nu ogè Ketua PAC PDIP Kecamatan Margahayu, H. Dadan Konjala, SH.

Dina momèn milangkala PDIP, Dadan Konjala nu ogè caleg DPRD Propinsi Jawa Barat ngahaturkeun kado jang partaina ku tèkad ihtiar ngunggulkeun PDIP di Kecamatan Margaasih hususna, umumna Kabupaten Bandung. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah