Nyanghareupan Pemilu 2024, Pemkab Bandung Ngaronjatkeun Kasiapsiagaan Potensi Bahla

- 4 Januari 2024, 10:04 WIB
Uka Suska Puji Utama, Kalak BPBD Kabupaten Bandung.
Uka Suska Puji Utama, Kalak BPBD Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Nyanghareupan Pemilihan Umum (Pemilu) tanggal 14 Pebruari 2024, Pamarèntah Kabupaten Bandung lebah dieu Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) geus metakeun, utamana 11.034 TPS nu kudu dipastikeun aman tina potensi ancaman bahla alam.

"BPBD nyayagikeun personil, paralatan kebencanaan, kendaraan tur koordinasi sareng sakum stakeholder nu aya di Kabupaten Bandung," ceuk Kepala Pelaksana BPBD Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama, ngawakilan Bupati Bandung Dadang Supriatna di Soreang, Kemis, 4 Januari 2024.

Nyanghareupan Pemilu 2024, BPBD terus narèkahan kasiapsiagaan dina ngantisipasi ancaman potensi bencana alam sakaligus pangungkulan satutas bencana alam.

Baca Juga: Wakil Bupati Bandung Sahrul Gunawan Apresiasi Kemenag nu Ngagaungkeun Kerukunan Umat Beragama

"Hal ieu dina tarèkah nyukseskeun Pemilu 2024, kalawan harepan pesta demokrasi di Indonesia, hususna di Kabupaten Bandung lumangsung aman, jeung kondusif," ceuk Uka Suska.

Uka balaka, pihakna ngaubkeun para nara hubung sajumlah 90 urang nu sumebar boh di sajumlah desa/kelurahan boh kecamatan sa-Kabupaten Bandung. Para nara hubung sumebar di daerah-daerah nu rawan bahla caah, longsor, pergerakan tanah atawa angin lilimbungan.

Ku kituna BPBD sinergi jeung Amatir Radio nu ngagabung dina ORARI jeung RAPI di Kabupaten Bandung. Ceuk Uka, BPBD ogè koordinasi jeung Forum Pengurangan Risiko Bencana (FPRB) Kabupaten Bandung minangka komunitas kebencanaan jeung kamanusaan.

"FPRB ogè diaubkeun dina saban palaksanaan sosialisasi potensi ancaman bencana nu ogè ngaubkeun Ketua RT, RW, apartur desa jeung pihak kecamatan setempat nu aya di daèrah rawan bencana. Hususna di sabudeureun ngamalirna Walungan Citarum jeung anak-anakna," ceuk Uka Suska.

Baca Juga: Ngungkulan Banjir di Kelurahan Andir Pemkab Bandung Gagolontorkeun Rp6,9 Milyar

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x