Ibing Sunda, Sanggeus 3 Dasa Warsa Tacan Aya nu Ngapung deui

- 3 Januari 2024, 08:09 WIB
Jaipongan nu medal taun 1980, tepi ka kiwari tacan lahir wanda anyar ibing Sunda kakoncara.
Jaipongan nu medal taun 1980, tepi ka kiwari tacan lahir wanda anyar ibing Sunda kakoncara. /galura.co.id/

 

GALURA.CO.ID -Diitung tina lahirna tari jaipong karya Gugum Gumbira Tirasondjaya taun 1980 tepi taun 2024 ayeuna geus leuwih ti 40 taun. Tapi tacan aya deui ibing Sunda nu ngagenjleungkeun, kawas jaipong. Ari aya mah aya ngan can dipikawanoh.

Taun 1950-an medal ibing gubahan, ibing wanda anyar, atawa ibing kréasi anyar. Dibaladahan ku Tjétjé Somantri, sa­lah­saurang muridna Sambas Wira­kusu­mah, seniman tari anu dipercaya ku pamaréntah mangsa harita ngokolakeun Badan Kesenian Indonésia (BKI), nu kantorna di Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK), Jalan Naripan Bandung. 

Karya tarina karéréana ibing­an putri, ibingan keur kaom wanoja. Sababaraha karya tarina: Ibing Srigati, Sekar Putri, Ibing Déwi, Sulintang, Kandagan, jeung Topéng Koncaran. Sumber garap ibinganna, tina ibing Keurseus, Ibing Topéng Cirebon, Ibing Wayang,  jeung Ibing gaya Jawa.

Baca Juga: Pepadi Ciamis Gede Harepan Seni Wayang di Ciamis Mingkin Nanjung

Ti harita muncunghul koréo­grafer ibing Sunda. Di antarana R. Nugraha Sudireja,  karya ibingna: Rengganis, Narantika, Ibing Puragabaya, jeung ibing topéng tilu watek; Iyus Rusliana, karya ibingna dina wanda ibing wayang, muridna di antarana Irawati Durban, Yuyun Kusuma­dinata, jeung Indrawati Lukman.

Ibing Jaipongan

Taun 1980-an, tatar Sunda geunjeung ku jaipongan, karya Gugum Gumbira Tirasonjaya. Ibingan tina ibing somah, ibing rayat, ibing tayub anu saka (sakainget), ngajangélék jadi ibingan anu mibanda pola.   Dina ibinganna aya struktur (leun­jeuran).  Saméméhna, upamana ketuk tilu, bajidoran, dogér jeung ibing rayat séjénna teu aya pola anu baku. 

“Mangsa bihari, dina pang­gung ibing rayat teu kacaturkeun aya pola anu maneuh, atawa anu baku, anu ngibingna saka, nurut­keun keretegna haténa, nurut­keun geter rasana. Unggal réng­kakna nincak kana wirah­ma,” ceuk Bucky Wikagoe, seniman nu ayeuna jadi anggta DPRD Jawa Barat.

Lebah dieu tukang kendang kudu telik sabab mun réngkak nu ngibing teu kaeusian alamat bakal moal meunang jaban atawa pamasak, atawa panambal, malah aya kalana baris dicarékan ku anu ngibing. “Dina ketuk tilu ditegor ku pamogoran, dina panggung jaipongan ku bajidor,” ceuk Bu­kcy Wikagoe.

Baca Juga: Dunya Usaha di Urang Kalindih ku Produk Luar Kitu Ceuk Longser Bandung Mooi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah