Tari Awi Ayo Sunaryo, Ngebrehkeun Awi Dalit jeung Urang Sunda

- 12 Desember 2023, 13:00 WIB
Pagelaran Tari Awi kara Ayo Sunaryo, dosen UPI Bandung.
Pagelaran Tari Awi kara Ayo Sunaryo, dosen UPI Bandung. /

GALURA.CO.ID -Ayo Sunaryo, seniman kalahiran Kampung Boréas, Kacamatan Kalijati, Subang, kungsi ngagelar karya tari dina wangun kontémporér anu judulna Awi. Luyu jeung judul katut jejer karya tari, kostum, properti katut pakakas tari séjénna, bahanna tina awi.

Sawidak mahasiswa Departemén Tari Fakultas Seni dan Désain Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) Bandung, anu geus maraké dangdanan tina awi téa, saméméh der ngaréngkak téh sina anteng ngadéngékeun gending tina awi anu disanggi ku Iwan, dosén musik UPI.

Lian ti musik ogé barudak mudu ngadéngékeun rajah pamuka jeung pamunah. Réngsé éta, para mahasiswa téh nyieun formasi, jeung ngarigig, anu réngkakna luyu jeung téma anu keur digarap. Témbong sarumanget naker, tuhu kana pancén anu geus diguratkeun ku sang koréografer, Ayo Sunaryo.

Baca Juga: Penca Silat Gelanggang Putra Si Macan Tutul, Euyeub ku Prestasi

Ceuk ieu dosén Departemén Tari Fakultas Seni dan Désain UPI Bandung, tangkal awi téh dalit pisan jeung kahirupan urang Sunda. Ti mimiti gubrag ka alam dunya, baheula mah tali ari-ari orok dikeureutna ku hinis awi, atuh waktu sirah nyanghareup ngalér, atawa pungkas riwayat hirup, atawa tinemu ajal, diukur awak keur ngali kuburan maké awi, pon kitu deui pasaran jaman béh dituna mah dijieunna tina awi.

Awi dina kahirupan

Mémang, dina kahirupan urang Sunda, ti mimiti dapur, tengah imah, tepas, buruan, kebon, sawah, walungan, réa maké paka­kas tina awi. Contona pakakas dapur: hihid, aseupan, boboko, pipiti, parako, téténong. Pakakas tengah imah: kojong, telebug. Di tepas: bekong. Di golodog: cempéd, usuk, eréng, tarajé.

Di buruan: pager, pangajul, paranjé, kandang hayam, kandang munding, kandang domba. Atuh ka walungan mawa jeujeur, korang, bubu, badodon, sair, di sawah  jeung di kebon aya kokoprak, di susukan aya batok ngi­sang, jeung sajabana. Cohag­na, awi réa pisan gunana pikeun ka­hirupan.

Sanajan geus jeneng jadi dosén, sanajan geus boga kalungguhan, pikeun seniman anu motékar mah tara kaeurad ku jabatan, jiwa kréatorna angger kapiara, kamotékaranna ka kamalirkeun. Dina ngamalirkeun kréativitasna teu kawatesanan ku tempat, di mana baé pikeun Ayo bisa nyicikeun kamotékaranna, kaasup di lembur anu ngabutuhkeun gawé rancagéna.

Baca Juga: Ketua Pepadi Ciamis: Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa tingkat Kabupaten Ciamis Digelar Mei 2024

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x