Dua Tempat Jadwal Manggung Khanha Satutas Lebaran, nu hijina 4 Generasi Dalang

- 16 April 2024, 11:00 WIB
Khanha Sandhika Ade Kosasih Sunarya  Giriharja 2 Putu
Khanha Sandhika Ade Kosasih Sunarya Giriharja 2 Putu /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Salila bulan Romadon mah, dalang ngora Khanha Sandhika Ade Kosasih Sunarya Giriharja 2 Putu reureuh tina manggung. Mimiti ngeureuyeuh deui dina bulan April katompèrnakeun.

Irwansyah, bapana Khanha, nyebutkeun anakna nu ayeuna nincak smester 6 di paguron luhur Fakultas Ilmu Komunikasi (Fikom) Universitas Padjadjaran Bandung teh sabada Lebaran karèk boga 2 jadwal manggung.

"Kaping 19 April 2024 manggung di Lembur Pakuan Kabupaten Subang, sasarengan 4 dalang, 4 generasi, " ceuk Irwansyah ka Galura dina telepon seluler, Senen, 15 April 2024.

Opat generasi dalang nu baris manggung teh  iwal ti Khanha, nu lianna: Dadan Sunandar Sunarya, Wawan Dede Amung, jeung  Iman Cecep Supriadi.

Dina  28 April 2024 mah jadwal manggung Khanha wungkul, dina raraga milangkala Desa Gudang Kahuripan Boscha Lembang, Kabupaten Bandung Barat.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x