Ketua Pepadi Ciamis: Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa tingkat Kabupaten Ciamis Digelar Mei 2024

- 6 Desember 2023, 21:00 WIB
Deden Kurnia, Ketua Pepadi Ciami. Mei 2024 digelar Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa tingkat Kabupaten Ciamis.
Deden Kurnia, Ketua Pepadi Ciami. Mei 2024 digelar Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa tingkat Kabupaten Ciamis. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Ketua Persatuan Pedalangan Indonesia (Pepadi) Ciamis, Deden Kurnia nyebutkeun Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa tingkat Kabupaten Ciamis direncanakeun digelar bulan Mei 2024. “Dina waktos paraseniman henteu seueur manggung,” pokna.

Binojakrama dimaksudkeun keur ngayak dalang di Kabupaten Ciamis nu pantes tandang di Binojakrama tingkat Jawa Barat nu bakal dilaksanakeun di Kabupaten Bogor taun 205. Dina Binojakrama di Kabupaten Bandung, 27-28 November 2023, dalang ti Kabupaten Bogor, Den Gala, S.Sn, pinujul kahiji sarta ngaboyong piala Bokor Mas Astagina.

Dina tradisi Binojakrama tingkat Jawa Barat, kabupaten nu dalangna ngaboyog Bokos Mas Astagina dina Binojakrama saterusna jadi pribumi. Kabupaten Bandung jadi pribumi oge lantaran dalangna mampu mawa Bokor Mas Astagina dina Binojakrama samemehna.

Baca Juga: Ciamis Teu Ngirimkeun Dalang ka Binojakrama Pedalangan di Kabupaten Bandung, Disbudpora Ciamis Ngabetem

Binojakrama digelar dua taun sakali. Pepadi Kabupaten Ciamis dina Binojakrama taun 2025 di Kabupaten Bogor bakal ngirimkeun dalangna. Absenna Kabupaten Ciamis dina Binojakrama kamari matak ngaragragkeun ngaran Tatar Galuh, seniman jeung budayawan di Kabupaten Ciamis.

“Udagan simkuring dalang-dalang ti Kabupaten Ciamis kedah nanjung kedah tiasa satata sareng dalang-dalang ti kabupaten sanesna,” ceuk Deden Kurnia sumangaet pisan. Pikeun ngasah jeung meuseuh dalang di Kabupaten Ciamis, Pepadi Ciamis ti Januari 2024, ngagelar pelatihan jeung pendidikan (Diklat), dilaksanakeun sabulan sakali.

Pepadi Ciamis saenyana karek dibentuk 23 November 2023, di SK-an ku Kepala Dinas Kebudayaan Pemuda dan Olahraga kalayan asma Bupati Ciamis. Dibentuka Pepadi Ciamis ngarespon pedah Kabupaten Ciamis teu bisa ngirimkeun dalangna dina Binojakrama di Kabupaten Bandung.

Maksud pangurus Pepadi Ciamis dibenyuk sarta gancang di SK-an teh tadina mah dina raraga keur ngirimkeun pamilon ka Binojakrama di Kabupaten Bandung. Kaluarna SK pangurus anyar Pepadi Ciamis piopat poeeun deui kana prungna Binojakrama.

Baca Juga: Lulusan Otomotif SMKN 2 Banjar, Nuryanto Tirayana, Dalang Ngora Potensial ti Desa Bunter Kabupaten Ciamis

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x