Dani Yusup Edi Putra, Dalang Cilik ti Desa Kaso, Sirung Pidalangeun Moyan ti Kabupaten Ciamis

- 6 Desember 2023, 08:07 WIB
Kaasup keneh dalang cilik Dani Yusup Edi Putra, siswa, kelas IX SMPN 1 Tambaksari, Kecamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis, teh. Gede harepan jadi dalang moyan.
Kaasup keneh dalang cilik Dani Yusup Edi Putra, siswa, kelas IX SMPN 1 Tambaksari, Kecamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis, teh. Gede harepan jadi dalang moyan. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kaasup keneh dalang cilik Dani Yusup Edi Putra teh, masih keneh sakola, kelas IX SMPN 1 Tambaksari, Kecamatan Tambaksari. Dani Yusup seuweuna kuwu (kepala desa) Kaso, Kecamatan Tambaksari,  Edi Kurnadi. Ngadalang di panggung karek dua taun jalan, mimiti manggung taun 2021, waktu Desa Kaso ngareuah-reuah milangkalana.

“Waktos ngandeg ku Dani, ku pun anak, ti umur kakandungan 4 sasih, pun bojo resepeun pisan ngabandungan pagelaran wayang golek,” ceuk Edi. Ngabandunganana pagelaran wa­yang golekna teh tina radio jeung tina VCD. Malah mah waktu ngalahirkeunana oge, bari ngabandungan siaran wayang golek.

Teu nyana Dani ti balita mula resepeun ngabandungan pagelaran wayang golek,  boh tina radio boh tina vcd. Dalang kameumeut Dani teh dalang Riswa nu ngaran lengkepna Umar Darusman Sunandar, dalang sohor nu asalna ti Desa Bingkeng, Kecamatan Dayeuhluhur, Kabupaten Cilacap, Jawa Tengah, sarta saterusna dumuk di Ciwastra Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Lulusan Otomotif SMKN 2 Banjar, Nuryanto Tirayana, Dalang Ngora Potensial ti Desa Bunter Kabupaten Ciamis

“Pun anak, disepitanana nuju balita keneh. Namung hajatna taun 2018. Bade nanggap dalang Riswa. Tos paheut. Mung Riswa  ngantunkeun manten,” ceuk Edi. Dalang Riswa nu kakoncara ku Pojok Si Ce­pot di salasahiji stasiun swasta, tilar 8 Juni 2018, sarta dikurebkeun di Desa Bingkeng. Dalang Riswa salasaurang murid Asep Sunandar Sunarya.

Edi nyebutkeun Dani katempona teh hanjelueun pisan. Ti dinya, Dani mingkin ngagedur hayang jadi dalang, kawas dalang Riswa. Diajarna otodidak, tina VCD jeung tina Youtube, boh dina ngigelkeun wayang boh dina antawacana. Diaping jeung dibandungan ku Edi. Malah dipangmeulikeun wayang kumplit.

Mimiti manggung tanggal 28 November 2021, dina acara ngareuah-reuah Milangkala Desa Kaso nu dipieling unggal 28 November. Acarana teh diluuan ku Bupati Ciamis jeung rengrenganana. Kira pisabulaneun deui kana pagelaran latihan heula. Memehna ku Edi ditalek heula: sanggup manggung di hareupeun gegeden?

Dani nyanggupan. Edi mah rada melangeun jeung hariwangeun, bisi Dani demam panggung. Tapi dina prungna mah henteu. Dani dina pagelaran munggaranana teu beda jeung dalang nu geus mindeng manggung. Malah Dani oge ngaroasting bapana, nga-roasting Edi. Atuh masarakat teh ager-ageran seuseurian.

Baca Juga: Den Gala, Dalang ti Kabupaten Bogor Ngarebut Bokor Mas Astagina Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x