Den Gala, Dalang ti Kabupaten Bogor Ngarebut Bokor Mas Astagina Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa

- 29 November 2023, 08:57 WIB
Dalang Den Gala ti Kabupaten Bogor nampa piala bagilir Bokor Mas Astagina. Den Gala Dina Binojakrama Pedalangan di Kabupaten Bandung (27-28/11/2023) jadi pinunjul kahiji.
Dalang Den Gala ti Kabupaten Bogor nampa piala bagilir Bokor Mas Astagina. Den Gala Dina Binojakrama Pedalangan di Kabupaten Bandung (27-28/11/2023) jadi pinunjul kahiji. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dalang asal Kabupaten Bogor, Den Gala, jadi pinunjul kahiji Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa 2023 nu digelar di Dome Bale Rame Soreang, Kabupaten Bandung, Senen-Salasa, 27-28 November 2023.

Ku kituna Den Gala nu mintonkeun lalakon Buriswara Gugur teh ngarebut Piala Bagilir Bokor Mas Astagina, ti pribumi Kabupaten Bandung.

Girang pangajèn nu dipupuhuan Cahya Hedy meunteun Den Gala minangka dalang pangalusna , tur jadu pinunjul kahiji kalawan total peunteun 1.800 poin.

Baca Juga: Pepadi: Hadiah Rp 90 Juta keur Juara Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa Kakarèk Ayeuna

Bokor Mas Astagina dipasrahkeun ku Ketua Persatuan Pedalangan Indonesia (Pepadi) Jawa Barat, Darsa Wibiksana. Sajaba bisa ngaboyong Bokor Mas Astagina, Den Gala narima hadiah Rp 20 juta.

Pinunjul kadua, dalang Arif Nugraha Rawanda ti Kabupaten Bandung Barat nu mintonkeun lalakon Subali Pejah dipeunteun 1.755 poin.

Pinunjul katilu Asep Kurnia dalang ti Kota Bandung nu mintonkeun lalakon Rebutan Konta kalawan peunten 1.700 poin.

Pinunjul tata gending

Iwal ti meunteun dalang, girang pangajèn ogè meunten tata gending. Peunteun pangpunjulna Kabupaten Bandung Barat 1.374 poin, disusul Kabupaten Bandung 1.352 poin, katut pinunjul katilu Kabupaten Sumedang 1.226 poin.

Baca Juga: Lima Belas Dalang Tandang dina Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa di Kabupaten Bandung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah