Khanha Shandhika Masrahkeun Mas Bokor Mas Astagina ka Panitia Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa

- 24 November 2023, 16:15 WIB
Khanha (kenca)  masrahkeun  Bokor Mas Astagina, piala bergilir Binojakrama. Pedalangan Wayang Golek Purwa  ka  Dami Sugiri ketua Pedadi kabupaten (katuhu),  di GBS, Kemis (23/11/2023)..
Khanha (kenca) masrahkeun Bokor Mas Astagina, piala bergilir Binojakrama. Pedalangan Wayang Golek Purwa ka Dami Sugiri ketua Pedadi kabupaten (katuhu), di GBS, Kemis (23/11/2023).. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Dalang Khanha Shandhika  Ade Kosasih Sunarya (Giriharja 2 Putu) teh pinunjul Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa dua taun ka tukang di Sukabumi.

Kemis, 23 November 2023, Khanha Shandhika masrahkeun Bokor Mas Astagina, piala bagilir Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa ka panitia Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa, di Gedong Budaya Soreang.

Khanha Shandhika, dalang nu mawakeun lalakon Karna Tanding dina Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa dua taun ka tukang  ngawawadianan sangkan para pamilon Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa taun ieu bisa leuwih alus. 

Baca Juga: Ciamis Teu Ngirimkeun Dalang ka Binojakrama Pedalangan di Kabupaten Bandung, Disbudpora Ciamis Ngabetem

"Alhamdulillah dinten ieu simkuring masrahkeun Bokor ka Pepadi Jabar nu diwakilan ku Pepadi Kabupaten Bandung nu minangka panitia lokal. Simkuring miharep dina Binojakrama taun ayeuna kualitasna langkung saè, " ceuk Khanha Shandhika.

Ketua Pepadi Kabupaten Bandung, Dani Sugiri nètèlakeun pamasrahan Bokor Mas piala bagilir Binojakrama Padalangan sajalan jeung rèk dilaksanakeunana Binojakrama Pedalangan, dina 27-28 Nopvember 2023 .

"Sakumaha ka uninga, Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa taun ieu digelar  27 - 28 Nopember 2023," pokna.

Dani nyebutkeun kawajiban pinunjul Binojakrama dua samemehna, sateuacan Binojakrama dikawitan kedah masrahkeun Bokor Mas Astagina piala sang juara Biinojakrama Padalangan nu digelar di Sukabumi dua taun ka pemgker, " ceuk Dani.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah