Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa Digelar di GBS Kabupaten Bandung 27-28 November 2023

- 17 November 2023, 06:49 WIB
Kadisbudpar kabupaten Bandung H. A. Wawan Ridwan (katujuh ti kènca) jeung  jajaran panitia Binojakrama Pedalangan tur perwakilan daerah nu adi pamilon Binojakrama Padalangan dipoto satutas  rapat  teknik di GBS, Kemis (15/11/2023).
Kadisbudpar kabupaten Bandung H. A. Wawan Ridwan (katujuh ti kènca) jeung jajaran panitia Binojakrama Pedalangan tur perwakilan daerah nu adi pamilon Binojakrama Padalangan dipoto satutas rapat teknik di GBS, Kemis (15/11/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa nu  digelar tanggal 27-28 November 2023, di Balerame Komplek Gedong Budaya Sabilulungan (GBS) Soreang, Kabupaten Bandung bakal diiluan ku 14 kabupaten kota sajawa Barat.

Kacindekan 14 pamilon Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa nu diayakeun ku Persatuan Pedalangan (Pepadi) Jawa Barat katitèn satutas panitia ngayakeun rapat teknik Binojakrama Pedalangan jeung tehnikal meating katut ngundi nomer pamilon di GBS,  Kemis 16 November 2023.

Pamilon Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa  tèh: Kabupaten Pangandaran, Bekasi, Karawang, Purwakarta, Subang, Garut, Sumedang, Bogor, Kabupaten Bandung Barat, Kabupaten Bandung, Kuningan, Kota Bandung, jeung Kota Cimahi.

Baca Juga: Ade Halimun, Seniman Sarwa Bisa ti Kepel, Cisaga, Kabupaten Ciamis

Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disbudpar) Kabupaten Bandung H. A. Wawan Ridwan minangka pribumi ngatuhurnuhunkeun ka pamilon Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa nu aub dina acara dua taunan ieu.

"Simkuring ngapresiasi para pamilon nu aub dina Binojakrama Padalangan. Mugia wawakil Pepadi kabupaten kota nu hadir di dieu kènging pangrojong ti para kepala daerahna. Simkuring titip salam ka para kepala daerah sareng para Kadis Budaya," ceuk Wawan. 

Ketua Pepadi Kabupaten Bandung Dani Sugiri nètèlakeun  Binojakrama Padalangan dumasar Undang-Undang Nomer 5/2017 ngeunaan Pemajuan Kebudayaan, Keputusan Presiden nomor 30/2018 ngeunaan Hari Wayang Nasional, tur AD/ART Pepadi.

"Tujuanana tarèkah edukasi, ngamumulè, sareng ngembangkeun budaya daerah, nyayagikeun rohang kanggo organisasi sareng nu ancrub seni padalangan nu aya di Jawa Barat Sunda kanggo ngembangkeun bakat sareng kamotèkaran, " ceuk Dani. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah