Ki Darman, Urang Jawa nu Munggaran  Nyieun Wayang Golek di Tatar Sunda

- 1 Maret 2023, 13:30 WIB
Pagelaran wayang golek. Anu naratas nyieun wayang golek teh Ki Darman ti Cibiru Kabupaten  Bandung.
Pagelaran wayang golek. Anu naratas nyieun wayang golek teh Ki Darman ti Cibiru Kabupaten Bandung. /Nanang S/Galura

GALURA -Wayang golek nu kiwari mekar  di Tatar Sunda malah lemah cai, teu bisa dileupaskeun ti ngaran seniman nu ngaranna Ki Darman nu makamna aya di Cibiru Kabupaten Bandung.

Ceuk sakaol, Ki Darman teh seniman nu pangheulana nyieun wayang golek. Ki Darman asalna ti Jawa ti Tegal Jawa Tengah nu bubuara di Tatar Sunda, di Bandung sarta dumuk di Cibiru.

Ki Darman teh tokoh penting keur dunya pawayangan babakuna wayang golek di Tatar Sunda.  Munasabah pisan pamarentah Kabupaten Bandung netepkeun makam Ki Darman di Cibiru jadi situs budaya.

Baca Juga: Wayang Golek Diciptakeun ku Sunan Kudus, Populer di Sunda

Tadina mah Ki Darman teh tukang nyieunan wayang kulit nu kawentar dina jamanna. Awahing ku kawentarna, unggal dalang wayang kulit di daerah wetan, jeung di Tatar Sunda, pasti make wayang meunang nyieun Ki Darman.

Harita di Tatar Sunda teu beda jeung di Jawa nu mekar teh wayang kulit. Ngan dina dialogna make basa Sunda. Kitu deui sinden nembangkeun lagu-lagu Sunda. 

Hiji waktu, Ki Darman narima parentah ti Dalem Karang Anyar, Bupati Bandung, Wiranata Koesoemah III nu gede perhatianna kana seni budaya babakuna wayang pikeun nyieun wayang tina kai, nu beda jeung wayang kulit.

Ki Darman sabab nu nitahna menak, dalem, malah bupati nyanggupan. Dina waktu nyalse tina nyieunan wayang kulit, Ki Darman nyoba-nyoba nyieun wayang tina kai.

Mimitina mah Ki Darman nyieun wayang tina kai kelirna sarua jeung wayang kulit, ipis, henteu tilu demensi. Ku  Ki Darman terus diulik. Wayangna dijieun tilu dimensi, huluna bisa diluak-lieukeun.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x