Bupati Bandung Miharep OPD Ngaronjatkeun Kasiapsiagaan Nyanghareupan Bencana Hidrometeorologi

- 7 Mei 2024, 17:30 WIB
Apel Senen ASN di Lapang Upakarti Soreang.
Apel Senen ASN di Lapang Upakarti Soreang. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna miharep ka sakum perangkat daerah di lingkungan Pemerintah Kabupaten Bandung sangkan bisa ngaronjatkeun kasiapsiagaan dina nyanghareupan bencana hidrometeorologi di wilayah Provinsi Jawa Barat, kaasup Kabupaten Bandung.

"Tangtosna ku ngiatkeun koordinasi aparat kawilayahan, rèngrèngan TNI, Polri ogè masarakat, hususna nu aya di wilayah rawan bencana.  Ngalaksanakeun upaya mitigasi dina raraga kasiapan nyanghareupan cuaca ekstrem, " ceuk Dadang Supriatna waktu apel ASN Pemkab Bandung, di lapangan Upakarti Soreang, Senèn (6/5/2024).

Patali Demam Berdarah (DBD) nu keur mahabu di Jawa Barat, Dadang Supriatna nyebutkeun, dumasar data ti Dinas Kesehatan Jabar aya 22.682 kasus DBD turta geus ngabalukarkeun 190 urang korban jiwa.

Ieu kajadian tèh ceuk Bupati Bandung, salasahijina ku parobahan iklim ku ayana fenomena El Nino.

"Ku margi kitu ka sakum ASN simkuring ngèmutan supados tiasa ngagerakkeun masarakat di wilayah tempat nganjrek sèwang-sèwang supadoas bersih-bersih lingkungan kalayan maneuh. Dipiharep hususna di Kabupaten Bandung teu seueur kasus DBD," ceuk Dadang Supriatna.

Dadang Supriatna cumeluk ka para kepala perangkat daerah tur sakum ASN, teu petot-petot ngajaga kaguyuban, sabeungkeutan, sumanget, loyalitas, tur integritas dina gawè.

Bupati Bandung umajak ka sakum ASN sangkan terus memener niat, sumanget, gawè cerdas, gawe tuntas tur gawè ikhlas.

Inyana oge nganuhunkeun ka para OPD (Organisasi Perangkat Daerah) nu tetep konsisten ngaronjatkeun kinerja jeung motèkar dina panyelenggaraan pamarèntah.

"Simkuriing miharep apresiasi nu tos kahontal salami ieu janten motivasi sareng inspirasi kanggo teras sumbangsihna nu saè kanggo nagri," ceuk Dadang.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah