Pokdarwis Prabu Wangi Desa Winduraja Magelarkeun Seni Pertunjukan Damar Larung, 12 Maret 2023

- 22 Februari 2023, 12:30 WIB
Seni pertunjukan Damar Larung bakal dipagalerkeun deui ku Pokdarwis Desa Winduraja, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis di Situ Wangi
Seni pertunjukan Damar Larung bakal dipagalerkeun deui ku Pokdarwis Desa Winduraja, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis di Situ Wangi /Atus Gusamara/Pokdarwis Desa Winduraja

GALURA – Damar Larung. Kitu judul seni pertunjukan nu bakal digelar ku Pokdarwis Prabu Wangi di Situ Wangi Desa Winduraja, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, Ahad, 12 Maret 2023.

Damar Larung dipokalan ku Atus Gusmara, seniman jeung budayawan nu dumuk di Desa Winduraja. Pokdarwis Prabu Wangi ngahaja magelarkeunana di Situ Wangi nu sanggeus dibebenah ku Provinsi Jawa Barat jadi objek wisata nu kawilang pikagenaheun.

Pangna Damar Larung dipintonkeun di Situ Wangi eta teh tarekah Pokdarwis Prabu Wangi pikeun leuwih ngawanohkeun Situ Wangi, situ nu aya di Desa Winduraja, teu jauh ti jalan nagara Ciamis – Cirebon.

Baca Juga: Mun Keur Ngibing dina Tarawangsa Rancakalong Sumedang Kasarumahan Tandaning Karuhun Datang, Kudu Bungah

Atus Gusmara nyebutkeun Damar Larung teh kreasi seni pertunjukan nu dina performing art-na ngagunakeun tapas kalapa nu disusun kawas kembang malati sarta ditengahna diseuneuan.

Dina puncak pertunjukan, tapas kalapa nu dijadikeun damar teh dilarungkeun, dipalidkeun di Situ Wangi. Nu matak pintonana teh ti peuting.

“Ngahaja nganggo tapas kalapa teh. Tangkal kalapa jadi ikon Kabupaten Ciamis. Minyak kalapa atawa minyak keletik jeung galendona jadi produk has Kabupaten Ciamis,” ceuk Atus.

Make tapas kalapa oge pikeun ngelingan ka masarakat jeung ka pamarentah Kabupaten Ciamis sangkan mateakeun deui kalapa lantaran kiwari geus arang nu meletik.

Baca Juga: Tarekah Rahmat Angkung ti Saung Angklung Mang Udjo sangkan Angklung Diaku Warisan Dunya ku UNESCO

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x