GALURA -Fasilitator ICH UNESCO keur wilayah Asia Pasifik, nyebutkeun angklung nu asalna ti Tatar Sunda dipikawanoh salasahiji musik Nusantara ti taun 1704 (Quete Van Riebeeck, Priangan). Malah beuki deui sumebar ka mancanagara.
Komunitas angklung nu asalna ti Tatar Sunda, ceuk fasilitator ICH UNESCO, taun 1704 sumebar di Nusantara di 14 provinsi: Jawa Barat, Banten, Jawa Tengah, DI, Yogyakarta, Jawa Timur, Bali, Nusa Tenggara Timur, Nusa tenggara Barat, DKI Jakarta, Banda Acéh, Sumatra Utara, Sumatera Selatan, Riau jeung Riau Kepulauan. Di mancanagara oge aya angklung.
Komite ICH UNESCO teu netepkeun hak patén kana angklung Indonesia nu asalna ti Tatar Sunda sarta saterusna sumebar ka Nusantara jeung mancanagara. Komite nyindekeunana dumasar kana 5 kriteria, luyu jeung wangenan dumasar Konvensi taun 2003.
Baca Juga: Angklung Buhun di Kanekes, Bukti Angklung geus Aya Jauh Samemeh Jaman Karajaan Pajajaran
Eta kriteria teh: ngadorong dialog antarkomunitas, kelompok jeung individu; nyieun tarékah perlindungan, persetujuan, komunitas, anu geus jadi Warisan Budaya Tak Benda (WBTB).
Representative List Of Intagible Cultural Heritage (ICH) of Humanity UNESCO ngusulkeun angklung ti Indonesia jadi warisan dunya tak bunda.
Indonesia taun 2007 ngaratifikasi Konvensi 2003 ngeunaan Panangtayungan WBTB, warisan budaya tak benda meunang diusulkeun ku nagara anu geus ngaratifikasi Konvensi 2003.
Konvensi 2003 UNESCO teu ngatur hak privasi, hak cipta, hak kekayaan intelektual, sabab ngeunaan éta hal dipasrahkeun ka aturan masing-masing nagara.
Baca Juga: Ibing Jaipongan Karya Gugum Gumbira Pamiangana tina Ibing Rayat