GALURA -Taun 1980-an, Tatar Sunda geunjeung ku jaipongan, karya Gugum Gumbira Tirasonjaya. Ibingan tina ibing somah, ibing rayat, ibing tayub anu saka (sakainget), ngajangélék jadi ibingan anu mibanda pola.
Dina ibingan jaipongan karya Gugum Gumbira, aya struktur (leunjeuran). Saméméhna, upamana ketuk tilu, bajidoran, dogér jeung ibing rayat séjénna teu aya pola anu baku.
Memeh lahir jaipongan meunang ngareka Gugum Gumbira dina panggung ibing rayat teu kacaturkeun aya pola anu maneuh, anu baku atawa aya patokanana.
Baca Juga: Lirik atawa Rumpaka Lagu 'Urang Sunda' ti Doel Sumbang, Fakta Urang Sunda Hese Jadi Pamingpin Nagara
Teu kawas jaipongan nu Gugum Gumbira, ibing rayat mah anu ngibingna saka, nurutkeun keretegna haténa, nurutkeun geter rasana, ngan unggal réngkakna nincak kana wirahma.
Lebah dieu tukang kendang kudu telik sabab mun réngkak nu ngibing teu kaeusian alamat bakal moal meunang jaban atawa pamasak, atawa panambal, malah aya kalana baris dicarékan ku anu ngibing.
Dina ketuk tilu ditegor ku pamogoran, dina panggung bajidoran dipangloh ku bajidor.
Ku teu ayana pola anu baku ibingan teu kawatesan ku waktu, satungtung nu ngibing masih kénéh betah di pakalangan jeung sapanjang tukang kendang nganteur karep anu ngibing, ibingan baris panjang ngagebay.